id
stringlengths
3
4
text
stringlengths
467
2.16k
label
int64
0
6
label_text
stringclasses
7 values
8216
Siti keur di sakola sawaktos gempa bumi kajadian di Cianjur ahir-ahir ieu. Sawakatos eta manehna keur diajar di kelas. Kabeh jalma ujug-ujug ngarasa dioyagkeunawakna tur kabeh sing jarerit tur lumpat nyelamatkeun dirina nyalira. Siti teu tiasa ngarespon nanaon, manehna teu kiat lumpat, ngajerit atanapi nyalamatkeun manehna sorangan. Manehna ngan tiasa nyumput handapeun meja tur ngadua sabari ceurik. Saatos gempa eren Siti ceurik keneh tur can tiasa keneh hudang ti kolong meja. Manehna kainget kulawargina nu aya diimah karugrug ku bangunan-bangunan. Ngabyangkeun eta teh Siti ceurik leuwih tarik sajadi-jadina. Nanging ujug-ujug aya leungeun nu ngabedol Siti kaluar tina kolong meja. Jalma ieu teh tetela bapakna nu nyusuan ka sakola, bapakna ngabejaan upai kulawrgina kabeh selamet eweh kirang nanaon.
0
fear
2131
Tangtos teu aya buku panduan kumaha janten indung anu saé. Saban poé téh trial and error dina ngalaksanakeun peran indung kalayan unggal pola asuhan. Teu kacaturkeun lamun indungna ogé boga kalungguhan séjénna, upamana indung gawé. Sabenerna, jadi indung téh teu gampang. Sanajan teu kudu sampurna, ieu sababaraha cara pikeun jadi indung alus: 1. Diajar tina pangalaman . Diajar tina pangalaman maranéhanana. Titénan kumaha parenting mangaruhan paripolah barudak maranéhanana Candak anu tiasa ditiru, tinggalkeun anu henteu tiasa. Ieu bisa jadi palajaran pohara berharga, utamana pikeun ibu anyar. Lamun ngarasa bingung jeung kudu nanya, ulah isin atawa horéam konsultasi jeung nu leuwih ngalaman, Alternatipna, Anjeun bisa maca sagala rupa buku parenting atawa hadir rupa webinar ngeunaan kumaha carana ngadidik budak. 2. Teu sieun menta hampura dina kaayaan barudak, ulah ragu menta hampura lamun anjeun salah. Ieu bakal janten cerminan pikeun aranjeunna henteu ragu pikeun ngalakukeun hal anu sami nalika aya anu di luar ekspektasi. Wani menta hampura ka barudak teu nembongkeun sosok indung lemah. Justru, éta ngabuktikeun kumaha kuatna jeung stabilna émosi indung sangkan bisa ngaku kasalahan sacara sopan.
3
happy
6877
Ti mimiti kuliah abdi tos gaduh rencana hoyong janten Mapres (Mahasiswa Berprestasi). Pikeun ngahontal eta abdi tos mulai ngarintis usaha ti jaman maba keneh. Abdi seeur ngiringan lomba tingkat nasional jeung internasional, ngiringan kagiatan mahasiswa, janten relawan, jeung kagiatan ilmiah sapertos pasanggiri jeung ngiringan organisasi kemahasiswaan. Ieu mangrupakeun salah sahiji cara pikeun ngembangkeun kaahlian jeung kamampuan kuring. Abdi oge narima beasiswa ti universitas lantaran prestasi kuring. Pas aya pendaftaran Mapres abdi langsung daptar. Aya seeur pisan kandidat Mapres taun ieu, pas diseleksi abdi tiasa aya di posisi lima besar tuluy dipilih deui Alhamdulillah kuring teras kapilih janten Mapres taun 2018.
3
happy
2099
Mibanda baheula keur SMA aya kajadian nu sabenerna jadi peupeujeuh yen hasil mah kumaha gusti , hehehe. Basa eta mibanda aya pengumuman panghargaan jang siswa nu miboga nilai UN nu ageung, Meureun aya sababaraha detik nalika kuring bener-bener kaget jeung ngalamun sabab aya perasaan campur aduk antara senang jeung dina waktos anu sareng bingung, naha kuring meunang skor pangluhurna dina mata pelajaran anu kuring henteu malah diajar sarta ngan apal han bagena majas basa jeung struktur nulis surat lamaran pakasaban. Samentara éta, dina mata pelajaran basa Inggris. dimana kuring yakin kuring bisa meunang skor 90 atawa leuwih (malah 100 sabab éta rada gampang dina waktu éta), tétéla kuring ngan meunang 82. eta teh pangalaman nu moal bisa di pohokeun.
3
happy
4680
Urang lamun geus kabiasaan di bully ti baheula bakal sok ngarasa kasieunan sorangan ku hal hal anu sabenerna anyar jeung can pernah di cobaan. Kasieunan di bully ieu teh akibat na bisa fatal, bisa ngajieun mental ruksak jeung tungtungna bisa ngancurkeun harga diri jadina ngarasa yen urang teh eweuh kabisa, eweuh anu alus dina diri urang anu bisa di tunjukeun ke batur jadi ngarasa eweuh panghareupan ieu teh bahaya pikeun kahirupan jelema kahareupna. Lila lila lamun jelema ieu teu bisa ngalawan hirup na moal bakal maju, bakal kitu kitu wae salila na. Eta teh dampak bully anu panggede na bisa ngahancurkeun hirup batur.
0
fear
8544
Hiji poe, Adam indit ka kantor ngarasa bagja pisan. Manehna make baju anyar geulis nya jeung ngaharepkeun yen poe ieu bakal jadi poe alus. Sanajan kitu, sagalana robah nalika awak anjeunna mimiti bau goreng. Anjeunna nyobian nutupan bau ku parfum, tapi bau tetep. Adam mimiti ngarasa teu nyaman jeung hariwang alatan bau. Anjeunna diusahakeun neangan batur ngomong naha bau eta asalna ti anjeunna atanapi henteu. Nanging, nalika anjeunna naros, batur sapagawean nyarios yen bau eta asalna ti anjeunna. Adam ngarasa era pisan sareng teu terang naon anu kedah dilakukeun. Anjeunna teh mutuskeun pikeun balik sarta neangan solusi pikeun masalah ieu.
6
shame
9201
Waktu harita kuring keur jajan di hareupeun sakola jeung babaturan kuring. Waktu harita kuring keur meuli makaroni basah nu warnana koneng. Sabot si Mamang keur ngabungkus makaroni, kuring nempo aya nu gerak di jero makaronina. Tadina mah teu katingali sabab warnana ampir sarua jeung warna macaroni, tapi basa dideukeutan, ternyata eta teh bilatung. "Mang, eta aya bilatung." ceuk kuring teh. "Henteu, ieu mah bumbu." Ceuk si Mamang bari nyokot bilatungna tuluy dialungkeun teuing kamana. Jadi pas geus meuli eta makaroni teu didahar ku kuring teh, langsung dialungkeun kana tong sampah. Saprak harita kuring geus teu hayang meuli makaroni di hareupeun sakola deui, kuring masih ngarasa jijik ningali bilatung dina tumpukan makaronina.
1
disgusted
6857
Kadang hirup mah sok aneh. Ai pas keur teu butuh aya, ai pas keur butuh-butuh na kalahkah teu aya. Lantaran tos lami teu aya semah datang ka imah, nampan anu biasana dipake kanggo nyuguhkeun semah tos duka ka mana. Ai pas nuju aya tamu we karek riweuh milarian di mana eta nampan, piraku gelas teh kedah dibawa hiji-hiji ti dapur ka ruang tamu. Kapaksa urang teh ngabongkar heula lomari piring di dapur, milarian nampan ageung kanggo nyuguhan tamu. Tos dipilarian di dapur teu aya, epekteh aya di kebon, kalahkah dijadikeun alas kanggo pot taneman. Tapi untungna masih keneh tiasa dianggo saatos dikumbah.
3
happy
9217
Waktu kuring kelas 4 SD, kuring milu lomba tari. Tapi dina balapan éta kuring ngalaman kajadian anu ngerakeun. Waktos éta indung kuring mawa kostum pikeun nari. Nalika dipake di sakola, ternyata bajuna teh ngepas tapi masih tiasa dianggo. Nalika kuring nari, kuring sareng rerencangan diajak nari kalayan gumbira sareng sumanget. Jadi kabeneran lagu nu dimaénkeun téh lagu karesep kuring, beuki bungah kuring narina, tapi kusabab sumanget teuing kuring narina nepi ka gaya split. Ujug-ujug karasa calana teh siga nu rek soeh, pas ditempo bener wae calana teh soeh, jeung robekna rada gede. Kuring nangtung ati-ati supados teu aya anu ningali. Tapi réréncangan sareng guru parantos ningali kuring, tungtungna kuring leumpang bari nyepengan suku kuring supados henteu katingali calana soehna bari guru sareng babaturan seuri. Kuring langsung turun tina panggung, tuluy ka kamar ganti baju kanggo ngarobih kostum janten baju anu asli. Sabenerna kuring éra pisan kusabab kajadian éta, tapi kuring pura-pura henteu paduli.
6
shame
1071
Paling sieun teh dicarekan ku nini, sabab mun nini geus nyarekan pasti urang teh ceurik. Nini paling teu resep urang ngahambur-hamburkeun deuit kanu teu paruguh sanajan eta meunang ngumpulkeun tina duit jajan. Harita mah jaman maen game Play Station, jadi urang teu ngabejaan nini mun urang rek meuli PS eta. Geus meuli PS jeung nepi ka imah, urang susulumputan bari nyumputkeun PS eta dina kantong meh teu katinggalieun. Lantaran mun katinggali geus pasti ngambekan ka urang. Tapi sabab nini urang mah perasa, sok apal aya nu disumputkeun ku urang teh. Bener weh pas urang sakola, anjeunna manggihan PS aya di kamar urang. Tuluy urang dicarekan pas balik ti sakola.
0
fear
4710
Basa keur leutik urang pernah di bintih ku hayam gara-gara urang liwat terus anak hayamna marencar kaditu-kadieu, sugan teh moal ngudag da geus rada jauh. Tapi teu lila indung hayamna ngudag nepika matokan suku urang jeung naek ka sirah urang, urang leweh didinya bari gogowakan, teu lila teh nini urang kaluar ti imah mawa sapu nyere langsung di gebug tah si ayam. Kumargi tos gaduh pangalaman, nepika ayeuna urang mun nempo hayam pasti kasieunan soalna mun hayam nempo urang pasti langsung ngudag. Saking ku sieun na, urang mun geus nyaho aya hayam di hareupeun urang sok langsung lumpat buru-buru, soalna kadang sok aya hayam anu geus di gebahkeun kalah ngahajakeun ngadeukeutan.
0
fear
7845
Lamun urang teu resep miceun runtah di imah, minimal mah lamun di tempat umum ulah kitu, lantaran urang teh teu hirup sorangan. Komo lamun ngaranna tempat umum mah artina tempat eta teh lain jang urang sorangan, tapi oge jan batur. Abdi sok keheul ka jalmi anu sok numpukkeun runtah dina meja saatos emam di tempat umum lantaran teu resep ningal runtah di luhureun meja. Komo lamun tempatna rame, kedahna urang ngaberesihan runtah urang sorangan sanajan geus aya patugas anu tugasna ngaberesihan tapi lain hartina urang numpukkeun runtah di luhur meja teras diantep jeung ditinggalkeun. Lamun urang langsung ngaberesihan, eta tempat tiasa langsung dianggo ku jalmi anu sanes.
1
disgusted
282
Poe kawinan sok aya loba barang nu dijadikeun maskawin, komo lamun di kampung mah. Mas kawinna sok dina bentuk barang, ngameh katinggali ku batur babawaeunna. Biasana jadi tolak ukur oge si calon salakina beunghar henteuna dina lobana babawaan maskawinna. Barang nu gede sok lomari, kasur, risbang, jeung sofa. Lamun barang nu leutik biasana anduk nu geus dihias jadi soang, tuluy sabun, jeung sajabana. Tuluy barang-barang maskawin tadi digotong kana mobil kol dolak, datangna teh sok beriringan jeung mobil calon panganten lalaki. Tapi barang nu gede mah teu dijadikeun simoblis jang ka pihak awewe, biasana make barang nu leutik tapi berharga siga emas atawa duit nu geus di hias.
3
happy
8172
Jalma-jalma teh sok ngarasa sieun nalika maot sabab sadar yen kahirupanna aya di ambang karugian. Maot mangrupikeun tungtung kahirupan sareng mangrupikeun hal anu teu tiasa dihindari. Sajaba ti eta, sieun maot oge bisa disababkeun ku sababaraha alesan. Sieun nyeri anu tiasa dirasakeun nalika maot. Sieun kaleungitan kontrol atanapi kamerdikaan kusabab kaayaan fisik anu parah. Sieun kaleungitan jalma anu dipikacinta sareng ngarasa teu siap ninggalkeun aranjeunna. Kateupastian ngeunaan naon anu lumangsung sanggeus maot. Kahariwang ngeunaan masalah finansial atanapi harta saatos maot. Sieun maot sorangan sareng henteu terang kumaha carana nungkulanana. Sieun maot mangrupikeun pangalaman pribadi sareng tiasa beda-beda pikeun unggal jalma.
0
fear
6822
Seeur jalmi anu teu janten kuliah lantaran faktor ekonomi. Padahal ayeuna mah tos seeur pisan kasempetan kanggo saha wae anu bade kuliah jeung tiasa dibiayaaan ku pamarentah. Lamun urang na aya kahoyong pasti bakal ngusahakeun kumaha carana tiasa kuliah teu ngaluarkeun biaya. Salaku calon mahasiswa mah urang kedah aktif milarian informasi ngeunaan perguruan tinggi, kasempetan-kasempetan naon wae anu tiasa dirasakeun ku mahasiswa. Lamun ngomongkeun artos, seeur pisan piduiteun kanggo mahasiswa mah, asal urang na kedah tiasa maca kondisi lingkungan di sakuriling urang. Urang oge kedah ngalobakeun rerencangan, lantaran urang mah teu apal ti rerencangan anu mana urang tiasa meunang bantosan.
3
happy
636
Keur leutik mindeng ulin jeung babaturan tapi nu umurna di luhureun urang, dina kumpulan eta teh urang nu paling leutik umurna. Hiji waktu pas urang tepang taun, diajak ka imah hiji babaturan. Tapi urang teu apal bakal di prank da bebejana mah rek nongton film DVD. Urang asup ka imahna euweuh rasa aneh, tapi teu lila urang dititah asup ka kamar. Geus asup ka kamar, mata urang ditutupan ku kaen tuluy urang dititah andiprek diuk. Geus diuk si lampu kamar dipareuman. Teu lila, si kaen nu nutupan mata urang teh dibuka. Ku bakat sieun jurig, baheula mah keur hits jurig suster ngesot. Tah pas dibuka teh geuningan babaturan urang cosplay jadi jurig suster ngesot. Eta mah langsung ngajorowok bari lumpat ka luar imah.
5
surprise
7814
Lamun keur Idul Adha atawa lebaran haji, di masjid pasti sok aya sapi jeung domba anu bakal dipeuncit. Biasana sapi jeung domba ieu geus datang ti peuting sateuacan poe Idul Adha. Imah kuring kabeneran di hareupeun masjid. Ti sonten keneh tos aya sapi jeung domba anu cicing di masjid. Seeur marurangkalih anu datang ka mesjid kanggo ningal sapi jeung domba anu baradag. Pas eta sapi diturunkeun tina treuk, sapina langsung ngaluarkeun kokotor tina bujurna. Marurangkalih anu ningal eta sapi modol lansung malalundur lantaran geuleuh kana tai sapi. Pas karek kaluar mah teu pati bau, tapi beuki lila eta tai beuki bau jeung didatangan ku laleur.
1
disgusted
6012
Hal nu paling teu enak teh nyaeta dicarekan ku batur, komo ku atasan di dunia pagawean mah. Mun urang kinerjana teu alus, atawa loba nu teu sasuai, maka bakal dicarekan ku atasan. Tah, mantak eta, mun digawe teh kudu maksimal, kudu ngerahkeun sagala kamampuan nu terbaik nu dipikaboga. Ulah nepi ka gawe asal-asalan, komo kasebutna karyawan mah kan dibawah atasan posisina ge. Mantak eta, kudu sadar kana tanggung jawab di pagawean. Ulah asa pangbisana atawa asa pang kapakena, angger we gawe mah kudu maksimal jeung bereskeun tanggung jawab sasuai nu dilimpahkeun. Ulah nepi ka ngecewakeun. Yuk urang giatan deui gawena supaya ngahindar carek ti atasan komo nepi ka teguran mah!
0
fear
5548
Prank jadi salah sahiji perkara anu sering dilakukeun di zaman ayeuna. Komo di kalangan para content creator mah ieu teh salah sahiji trend anu saolah wajib aya dina kontenna. Hampir kabeh content creator ngajadikeun prank sebagai ladang kontenna supaya bisa neangan viewer nu loba. Ku kaayaan eta, prank teh saolah jadi trend anyar di masyarakat anu loba diturutan. Ngan, aya oge sababaraha oknum nu ngajadikeun prankna malah jadi negatif sabab ku kaleuwihan teuing. Malahan mah aya nu nepi ka ngabahayakeun nyawa soranganna jeung nyawa batur oge. Prank teh jadi ladang ngahasilkeun acis jeung sabagean besar youtuber. Hal ieu jadi hiji kasempatan nu nguntungkeun.
5
surprise
7248
Masih keneh carita prank anu dilakukeun ku Raffi. Basa Raffi jeung Nagita nuju liburan ka luar negeri, Raffi aya jadwa syuting di tipi. Matak Raffi kedah enggal balik ka Indonesia. Manehna tos ngawanti-wanti ka Nagita pikeun gugah enjing-enjing lantaran tos mesen tiket jeung tos ditungguan di tempat manehna syuting. Raffi ngahereuyan Nagita jeung nganganti jam dina hapenajanten dua jam leuwih lami. Pas tos jam opat (padahal jam tilu keneh), Raffi langsung ngagugahkeun Nagita kanggo buru-buru siap-siap angkat ka bandara lantaran tos telat, Nagita heran naha alarem na teu disada padahal manehna geus nyiapkeun alarem. Raffi teu ereun aambekan nepika di bandara.
5
surprise
8525
Lamun make baju anu sarua jeung jalma sejen, biasana bakal nyieun hiji jalma ngarasa era pisan jeung teu nyaman. Era sareng teu ngarareunah ieu tiasa hasil tina parasaan saolah-olah dianggap teu asli sareng kurang gaya pribadi. Jalma anu ngagem baju anu sami sareng jalma sanes tiasa ngaraos janten pusat perhatian sareng sadaya panon aya dina aranjeunna. Aranjeunna tiasa ngaraos saolah-olah sadayana nyarioskeun aranjeunna sareng ngajantenkeun aranjeunna teu nyaman. Eta oge mungkin pikeun batur ngarasa teu aman sareng ngarasa saolah-olah teu cocog sareng lingkungan atanapi acara anu aranjeunna hadir. Ieu bisa nyieun aranjeunna ngarasa teu nyamanpisan sarta teu hayang ngobrol jeung jalma sejen atawa gabung kagiatan.
6
shame
607
Supaya urang mibogaan persiapan ngameh teu reuwas teuing pas ninggali jurig, urang oge kudu apal tanda-tanda ayana jurig. Nu kahiji biasana disabudureun kaambeu bau, amis, jeung kembang. Jadi mun urang leumpang atawa keur naek kendaraan, tuluy kaambeu bau-bau nu teu biasa, mangrupakeun tanda ti ayana jurig disabudureun urang. Nu kadua ayana rasa kasieun siga aya nu mimilu, hal ieu lain di tempat-tempat nu dipikasieun hungkul, tapi sakapeung mah kajadian di tempat nu mindeng urang datangan siga di imah. Nu katilu mindeng kadenge sora-sora aneh, sora-sora aneh nu munculna teuing timana, siga aya sora ceurik, aya nu menta tulung, komo sok aya oge sora hewan ti kajauhan.
5
surprise
4064
Tahun 2020 kan aya virus covid, urang posisi karek angges kontrak di gawe pas bulan januari tanggal genep. Urang teu neangan deui gawe da mikirna hayang istirahat heula, terus di tambah urang hayang ngurusanan nini urang anu geuring stroke. Nepika bulan maret puncakna mulai loba jelema anu bareunang virus covid, makin kadieu makin loba jadi weh lockdown. Urang anu geus boga niat hayang gawe di jakarta jadi teu jadi, kusabab sieun da di jakarta paling loba anu beunang covid. Jadina urang nganggur, unggal kapanggih dulur sok di omongkeun pengangguran terus pernah basa eta mah di omongan urang teh jelema anu teu berguna. Urang pan budak hiji-hijina terus mun di ibaratkeun mah urang teh tulang punggung kaluarga, mun di pikir-pikir mah pas beak kontrak teh urang langsung neangan gawe tong nganggur heula. Soalna loba pisan tuntutan hirup teh, komo pas aya covid mah asa susah hayang nanaon ge, ngan saukur icing di imah.
2
sad
7865
Salaku jalmi anu kamamana numpak gojek, abdi era pisan basa abdi bade angkat ka kampus. Jadi caritana abdi buru-buru pisan angkat ka kampus lantaran tos telat, janten abdi oge ngasal nyandak calana anu aya di lomari. Sigana mah abdi teh salah nyandak calana lantaran pas abdi bade numpak motor, pas abdi nuju ngangkat suku teu lila calana kuring soek. Abdi era pisan ka sopir gojekna lantaran kadangu pisan sora calana soekna, abdi langsung menta tulung ka emang gojek kanggo ngantosan heula abdi ngagentos calana. Untung we kaburu kanyahoan sateuacan dugi ka kampus janten abdi teu era make calana bolong ka kampus.
6
shame
5281
Tips mohokeun kasedih dina kahirupan urang. Nu kahiji nyaeta traveling atawa jalan-jalan. Mun keur sedih, urang kudu nyobian jalan-jalan ka tempat nu indah, supaya kasedih urang kalihkeun ku kaendahan alam. Nu kadua nyaeta olahraga. Lakukeun olahraga jiga jogging, push up, jeung sit up atawa olahraga nu dipikaseneng ku urang supaya ngurangan rasa sedih. Olahraga teh ngarangsang hormon endorfin nu mantak mawa bahagia dina hirup urang. Jadi, cocok pisan mun keur sedih lampiaskeun nana kana olahraga. Nu katilu nyaeta nonton film. Nonton film jadi salah sahiji media pengalihan stress nu bisa ngarangsang hormon endorfin supaya ngaganti stress jeung sedih jadi kabungahan.
2
sad
685
Urang salah sahiji nu sieun kana sato komo deui satona teh nu aya peurahan siga oray. Harita pas meunang kado tepang taun ti babaturan, ku urang dibukaan hiji-hiji. Teu apal ieu kado teh ti saha wae lantaran euweuh ngaranan. Ti mimiti kado nepikeun ka pertengahan mah aman-aman wae muka kado teh, da eusina oge balender dina artian teu ngajailan. Naha eta mah pas muka kado nu ka 5, pas dibuka teh reuwas. Reuwasna da nu bijil tina kado teh oray-orayan bari langsung nyaplok pas dibuka teh. Duh aya-aya wae nu mere kado teh, enya ge heureuy tapi kumaha urang mun boga panyakit jantung pan ulah reuwas.
5
surprise
4443
Isu SARA teh sensitif pisan matakna sering di anggap jadi sumber perpecahan nagara, aya dampak soal isu SARA salah sahijina tina dampak sosiologis kaayaan siga kieu ngajadikeun konstruksi sosial makna SARA di masarakat leuwih didominasi ku sudut pandang rezim. SARA dianggap ku nagara salaku sumber perpecahan sareng konflik sosial. Ieu lajeng ngajadikeun SARA pangaweruh tabu atawa kanyataan. SARA sok ditingali ku masarakat salaku potensi konflik tinimbang energi pulitik anu bisa nyiptakeun demokrasi jeung pluralisme sosial. SARA teh jadi hese ku sabab masarakat indonesia teh majemuk, loba rupa na tina Ras, Suku jeung Agama na. Ari geus kitu lamun urang anu minoritas di perlakukeun teu alus di tempat mayoritas pasi aya rasa ambek komo lamun di bahas soal Ras jeung Agama padahal eta teh privacy jelema masing masing.
4
angry
7213
Ieu pangalaman sababaraha taun ka tukang nalika kuring masih aktip dina klub motor. Hiji waktu kira-kira jam 12 peuting urang anjog ka Uluwatu jeung istirahat di sisi jalan tepatna di hiji jembatan. Kulantaran awak abdi cape, kuring teras ngagoler sakedap di sisi sasak bari sare, teras balik ka bumi kusabab hoyong istirahat. Pas nepi ka imah kuring langsung bebersih jeung sare, ieu kajadian anu sok diinget-inget nepi ka ayeuna, waktu kuring keur sare nyenyak jeung geus isuk-isuk sakira jam 8. ujug-ujug kuring ngarasa suku kuring dicekel pageuh ku leungeun jeung kulit bodas bulak, ramo panjang tur ipis tuluy ditbetotpageuh ka arah tungtung ranjang, otomatis panon dibuka jeung kuring nempo aya sosok kuntilanak.
5
surprise
5134
Mona laptopna rusak, teu bisa hurung. Mona kudu ngumpulkeun acis nyalira sabab moal mungkin ukeun ka orang tuana da kuliah ge ngandalkeun beasiswa. Mona nyisihkeun sabagian uang jajanna jang nabung meser laptop. Kaleresan harita teh uang beasiswa na cair. Langsung we ku Mona dipeserkeun kana laptop sadaya acisna teh. Mona kacida senengna bisa nyepeng laptop deui, jadi moal kateter ngerjakeun tugas kuliah ayeuna mah. Mun jajan sapopoe mah Mona bisa ngandalkeun tina hasil dagang jajananna. Nu penting mah laptop tos kapeser, janten tiasa ngudag tugas nu tinggaleun. Mona atoh pisan jeung teu eureun ngucap syukur kana pertolongan nu Maha Suci, pas ninggang butuh teh aya wae rezekina.
3
happy
6952
Aya sababaraha hal anu tiasa urang lakukeun kanggo ngurangan nepikeun ngaleungitkeun trauma basa leutik nyaeta urang tiasa kempel sareng jalmi anu nyaah ka urang. Jauhan jalmi anu ngajahatan urang, fokus ka jalmi anu ngahargaan urang. Ngajagi pola hirup anu sehat nyaeta dahar anu cekap sareng istirahat anu cekap. Urang oge kedah mineng ngalakukeun aktipitas anu seeur supados urang fokus ka diri sorangan teu mikiran jalmi anu jahat ka urang. Ngurangan nginuman alkohol jeung ubar oge ngajadikeun urang leuwih sehat jeung kahindar ti hal-hal anu kirang sae. Lamun urang masih ngarasa kirang, urang oge tiasa datang ka psikolog, ahli anu bakal apal carana supados urang tiasa damai sareng kajadian di jaman baheula.
2
sad
8189
Febri teu tiasa nu ngaranna renang. Nanging ayeuna manehna kudu mentas laut kusabab rek indit ka Sumatra. Salila diluhur kapal Febri teu wani lelempangan kamana-mana kusabab sieun ngacleng ti kapal komo sawaktos eta ombak na nuju ageung. Febri sieun kaleuleup kusabab manehna pernah ngalaman kaleuleup. Kajadianna keur kelas tilu SD. Disakola Febri keur aya praktek renang, kagiatan ieu teh wajib diturutan ku budak kelas 3 SD kaluhur. Kusabab Fberi sawaktos eta pertama kalina renang manehna bungah pisan tur mincrak di kolam renangna. Teras teu aya nu nganyahoankeun Febri asup ka kolam nu jerona dua meter. Kusabab pendek Febri teu tiasa napakkeun sukuna tur kaleuleup. Ti waktos eta Febri janten sieun kaleuleup.
0
fear
6085
Salah sahiji kacilakaan fatal nu terjadi di tol Cipularang teh nyaeta kacilakaan nu disebabkeun ku dumptruk nu remna blong. Di jalan tol teh aya dumptruck anu ngalaju sepertos biasa nu mawa muatan taneuh proyek. Pas dina jalan mudun, rem na tos saeutik aus, jadi potensi bakal rem blong. Saberes pudunan teh dumptruck teu bisa direm, malah nyuruduk mobil minibus nu ngajajar sabab macet di hareupeun nana. Minibus nu keur macet teh dihantam ti tukang ku dumptruck nu remna blong. Eureun soten pedah dumptruckna tibalik jeung tiguling. Mun teu kitu mah jigana bakal seueur pisan korbanna. Kacilakaan ieu teh ngarenggut seueur korban jiwa jeung ngalibatkeun leuwih ti sapuluh mini bus nu ngalai karusakan parah.
0
fear
2084
Survei ti Carousell anu ditampi ku Genmuda.com Salasa (26/9) mendakan yén 8 ti 10 urang Indonésia parantos mésér barang-barang anu dipikacinta, dimana 82% di antarana masih nyimpen sahenteuna 29 barang anu henteu dianggo di bumi, sareng 60% diantarana ngarasa tiasa meunang Rp 5 juta lamun ngajual sakabéh barang ieu nu teu dipake. Survei ieu ngahaja dijieun pikeun ngungkabkeun kabiasaan masarakat Indonésia nalika meuli jeung ngajual barang-barang pre-loved sacara online, hususna pikeun kategori fashion jeung gadget. Survei ieu ogé ngalibetkeun 1.000 urang di wewengkon Jakarta Raya, umurna antara 20-40 taun, kalayan panghasilan bulanan leuwih ti Rp 5 juta. kalawan kitu harusna geus jadi kabar mecakeun jang jalma nu beuki utar-uter jang neangan barang harga kaki lima qualitas bintang lima.
3
happy
7583
Sugan teh ucing mah bakalan bageur, moal ngegel jeung nudag siga anjing, tapi nyatana salah. Basa abdi nuju mondok di imah nini di Kopo, misan abdi gaduh ucing oranyeu anu dinamian Si Geboy, dinamian Si Geboy teh lain tanpa alesan, tapi lantaran manehna resep ngageboy. Abdi asalna teu apal ngageboy teh kumaha, tapi beuki lila Si Geboy mulai ngaganggu jalmi anu aya di imah. Lamun aya nu keur ngobrol, atawa keur diuk oge sok ojo-ojol diudag ku manehna, sateuacan ngudag manehna bakal ngagitek heula siga rek ngudag beurit. Abdi oge pernah diudag ku Si Geboy, mimitina mah abdi ngahereuyan manehna make kardus tuluy diudag, untung we abdi langsung asup ka kamar cai.
0
fear
6018
Nempo jarum suntik jadi salah sahiji mimpi buruk bagi sabagean besar jalma. Komo mun nepi ka disuntik mah, bakal langsung kalap ningali jarum na ge. Teu saeutik jalma nu sieuneun ku jarum suntik. Sieuneun na teh sabab sieun bisi nyeuri pas disuntikkeun na, terus pas ngucurkeun cairanna bisi peurih. Padahal mah disuntik teh lain hal parah nu kudu dipikasieun. Meureun jigana pedah keur leutikna loba disingsieunan jarum suntik, jadi we nepi ka gede teh kabawa sieunna. Malahan mah aya nu nepi ka phobia. Ningali jarum suntik teh jiga jingali nu dipikasieuneun pisan. Hal nu kieu teh jadi hal lumrah di masyarakat sabab memang kaayaan nana loba nu ngalaman.
0
fear
645
Inget basa naek beus ka Banten, ieu urang karek mimitian deui naek beus. Jadi teu apal aya parobahan naon, boh eta bangunan atawa jadwal beus na. Pas nepi stasiun teh bener weh, stasiun beus nu baheula jeung nu ayeuna geus robah pisan. Nu ayeuna leuwih moderen siga bandara bentukna oge. Tapi versi mini. Jadi urang kudu boga waktu tambahan jang tunya tanya kamana jalanna. Pas geus nepi tempat beusna, urang reuwas beusna geus indit. Padahal tina jadwal teh masih keneh 5 menitan deui. Singhoreng teh si beus geus indit tapi masih lalaunan da sabari neangan penumpang. Untungna nu nganteurkeun urang masih aya di stasiun, jadi si beus eta diudag nepikeun ka tempat asup tol.
5
surprise
7254
Pangalaman ka hiji abdi numpak kapal terbang gagal lantaran poho masang alarm. Abdi oge teu apal lamun bade numpak kapal terbang teh kedah cicing di bandara minimal sajam sateuacanna. Abdi bingung pisan kedah kumaha lantaran abdi ayeuna nuju di kota batur, hoyong mulih ka bumi nyalira. Jaba di dieu abdi teu kenal sasaha. Abdi langsung ngabaran kulawargi di bumi, bisi aya nu tiasa ngabantosan meser tiket kapal anu mirah lantaran artos abdi ayeuna pas-pasan pisan. Pangalaman ieu janten pangalaman anu berharga kanggo kuring, ngke lamun aya kasempetan numpak kapal terbang deui kedah dipersiapkeun sing sae, jeung teu meunang telat hudang deui.
5
surprise
630
Pas keur sakola SMA balik ti sakolaan urang dijailan ku babaturan, nyaeta sapatu urang disumputkeun. Urang reuwas sabab ngan boga hiji sapatu teh, lamun leungit teu apal kudu nginjeum ka saha, da mun meuli mah karunya kolot sabab sapatu eta teh masih kaitung anyar can aya sataun-taun acan. Urang ngalamun tapi sabari neangan susuganan sapatu urang teh nyumput lain sabab aya nu maok. Lamun inget kanu maok lantaran pernah aya oge disakolaan nu leungit sapatuna dipaok ku batur, urang inget kadinya wae bisi nu urang oge kasusna sarua kawas kitu. Sabab urang leungit teh di lantai tilu, urang geus nyerah neanganna, tuluy turun ka handap. Singhoreng teh sapatu urang geus aya dihandap ngahaja ku babaturan dibawa ngarah urang neangan.
5
surprise
5309
Teu kudu sieun mun urang dituntut jang hirup mandiri sabab suatu saat ge urang bakal hirup sorangan. Tong sieun ngahadapi kasorangan teh. Kan beres kamatian oge urang bakal hirup sorangan dina alam salanjutna. Ngan nu kudu diinget nyaeta tong poho kana bebekelan nana. Bekel amal kasaean urang salila di dunia. Tong ngarumas mun urang dititah mandiri ku kolot. Jadikeun eta cara jang ningkatkeun kualitas kamandirian diri urang. Oge jadi salah sahiji ladang neang amal, supaya urang bisa ngabakti ka kolot tinu cara nu lain. Intina mah, ulah sieun kukumaha sorangan, kamamana sorangan, sabab urang yakin bahwa urang mampu ngalewati hal ieu.
2
sad
218
Lamun hayang lulus ujian akademik, tangtuna oge kudu aya persiapan ti jauh keneh, ulah nepikeun ka diajarna peuting saacan poe ujian, kusabab bakal kakurangan waktu jang istiraha. Pastina oge berdampak isukanna pas ngerjakeun soal-soal ujian. Asupan dahareun oge kudu diperhatikeun, jadi kudu dahar jeung nginum samemeh ujian ngameh boga tanaga jang ngerjakeun soal ujian. Lamun beuteung lapar atawa dehidrasi biasana kurang konsentrasi. Tapi ulah dahar kamalinaan oge, kusabab sok jadi tunduh. Kitu oge nginum ulah loba teuing, bisi bulak-balik ka cai wae. Tuluy nu penting oge, siapkeun peralatan jang ujian. Misalna kartu ujian atawa alat tulis, jeung pakean nu bakal dipake ngameh euweuh nu katinggaleun pas berangkat ka tempat ujian.
3
happy
1090
Basa harita banjir gede di imah, lantaran hujan sapeupeuting. Jadi cai anu di walungan teh meluap ka jalan, sabab imah urang leuwih handap ti jalan jadi cai teh kajero imah. Tapi ku bakat teu bisa nahan kana volume cai, kaca dinding oge nepikeun pareupeus. Akhirna ku urang dibukakeun panto meh cai laluasa asup, tapi dikondisikeun heula di imahna geus diberesan malah ditaekeun ka lantai dua. Urang ngungsi ka imah batur mu posisina leuwih luhur ti jalan, sabab imah urang lantai hijina satengah geus kakeueum ku banjir. Sieunna mah mun pas keur sare tuluy banjir teu kanyahoan, sieun palid ka bawa ku banjir.
0
fear
3002
Perlakuan utama pikeun jalma kalawan autophobia nyaeta Psikoterapi, kayaning terapi paparan jeung terapi behavioral kognitif. Sababaraha kasus autophobia atanapi monophobia ogé merlukeun nginum obat. 1. Terapi behavioral kognitif Dina terapi paripolah kognitif, pembimbing bakal nyobian ngalaan pasien kana phobia na. Téhnik sanésna bakal dianggo pikeun ngabantosan pasien ngadalikeun kasieunana nyalira. Salaku tambahan, pola pikir pasien anu aya hubunganana sareng fobiana ogé bakal dicoba pikeun kaharti ku pembimbing. Hasil anu dipiharep tina terapi paripolah kognitif nyaéta kapercayaan pasien pikeun nyanghareupan autophobia na. Ku cara éta, gejala anu dirasakeun ku pasien dipiharep bakal ngirangan. 2. Obat-obatan Sababaraha kasus autophobia ngabutuhkeun pangobatan pikeun ngaleungitkeun gejala pasien. Pangobatan biasana diresmikeun dina mimiti perlakuan pikeun panggunaan jangka pondok. Sababaraha obat anu bakal resep dokter
0
fear
4035
Tahun 2016 di bulan agustus urang daftar ka kampus swasta gelombang kadua, mimitina pasti mayar heula pendaftaran terus milih jurusan, di kampusna aya jurusan akuntansi, informatika, administrasi bisnis, sekertaris, jeung menejemen bisnis. Jenjangna ti mulai D3 nepika S2, urang milih jurusan akuntansi D3 kusabab urang keur SMA sakola jurusan IPS. Lewih ti saminggu urang di panggil ku pihak kampus, sugan teh ges langsung di tarima tapi di sitah miluan tes heula. Tes na teh kot loba pisan, aya lima lembar. Soal-soalna teh aya matematika bunga, saputaran soal akuntansi, ekonomi jeung bahasa inggris. Waktuna teh ngan sakedeng, urang ngerjakeun di ruangan lab audit, tapi teu sorangan aya sakitar 40 jelema. Tina soal-soalna aya sabagian nu ku urang teu di isian, pas geus angges urang balik di sitah nunggu kabar katarima apa henteu, jujur urang geus pasrah rek narimakeun sagala kaputusan nu di umumkeun. Tilu poe lewih akhirna urang di telepon ku pihak kampus, terus urang ka kampus nempo di mading, neangan ngaran urang. Jelemana kot loba pisan jadi urang hese nempona, jaba mata urang minus, jadi weh urang ka kantin heula meuli minum, nepika burit urang balik deui ka mading nempo hasil tes. Didinya urang bungah pisan hasil tes urang alus terus urang katarima.
3
happy
3253
Toilet umum dianggap salah sahiji tempat anu paling kotor sahingga sabisa-bisa jalma ngajauhan. Kusabab loba jalma giliran ngagunakeun éta, jamban umum memang kotor, tapi sabenerna mah bahaya kaséhatan. Sabagéan ageung kuman anu tiasa ngabahayakeun pikeun manusa gancang maot dina permukaan jamban. Sajaba ti éta, sistim imun nu urang boga ogé bakal langsung nyerang kuman ieu lamun asup kana awak. "Toilet saleresna henteu bahaya sapertos anu urang pikirkeun. Organisme anu tiasa tumbuh di dinya henteu mungkin nyababkeun inféksi," saur Jack Gilbert, ahli mikrobiologi ti Argonne National Laboratory di Illinois, AS. Gilbert ngalaksanakeun panalungtikan di 2014 anu ngalacak mikroba di opat jamban universitas salami sajam sareng sadinten.
1
disgusted
5150
Tips jitu dina menangkeun hadiah undian bardasarkeun pangalaman. Nu kahiji, urang niatna kudu bener. Misalkeun eta hadiah duit teh jang naon, kudu puguh, ulah dipake kaburukan. Nu kadua, kudu loba ikhtiar jeung ngadoa kanu Maha Kawasa. Mun hoyong meunangkeun undian, urang kudu senantiasa ngalobakeun doa jeung usaha, rajinkeun deui ibadahna, sholat tahajud jeung sholat dhuha, oge sholat hajatna dileukeunan deui. Ulah nepi ka bolong pisan, ambeh manfaat eta hadiahna engke. Nu katilu nyaeta urang kudu yakin dina ayana rezeki. Urang kudu yakin bahwa urang bakal aya rezekina dina eta undian. Dina henteu aya na oge, rezekina bakal aya di akherat kelak.
3
happy
9539
Rian, budak umur 10 taun anu resep pisan kana sato laut. Anjeunna sok menta ka bapana sangkan dibawa ka tempat-tempat anu bisa ningali sato laut, saperti ka taman laut, ka basisir, atawa ka pintonan lumba-lumba. Dina hiji poe, bapana Rian ngajak Rian ka acara lumba-lumba nu kawentar di kotana. Rian kacida bungahna ngadenge eta sarta langsung nyiapkeun pikeun indit ka eta tempat. Sabot nepi ka acara lumba-lumba, Rian jeung bapana diuk dina bangku-bangku hareupeun kolamna. Rian sumanget pisan ngantosan acara dimimitian. Teu lila sanggeus, acara dimimitian ku lumba-lumba luncat kaluar tina cai sarta nyemburkeun cai. Rian reuwas sakaligus ngarasa kahibur ningali lumba-lumba luncat ngaliwatan lingkaran seuneu. Anjeunna oge kagum pisan ningali lumba-lumba anu tiasa ngalakukeun rupa-rupa gerakan akrobat dina cai. Sanggeus acara rengse, Rian jeung bapana balik ka imah kalawan perasaan bagja pisan. Rian terus nyaritakeun pangalamanna ka indungna jeung dulur-dulurna ngeunaan pintonan lumba-lumba anu dilalajoanana. Pangalaman nongton pintonan lumba-lumba jeung bapana mangrupa pangalaman nu paling nyugemakeun hatena. Rian nganuhunkeun pisan ka bapana. Rian bener-bener ngarep-ngarep bisa lalajo deui pintonan lumba-lumba ka hareupna.
3
happy
682
Diajak ku babaturan jang kerja kelompok bari nyeblak. Sanajan keur tepang taun tapi teu dibejaan nu sejenna mah, da bisina dijailan siga si Fikri nu minggu kamari nepikeun ka awakna pinuh ku tarigu, tuluy huluna pinuh ku endog geus siga rek nyieun kueh wae. Nepi ka imah babaturan teh euweuh nu aneh sabenerna, tapi anehna teh pas urang dititah ka cai. Singhoreng di cai teh geus sadia ember nu geus di caian, tuluy di tukang teh geus siap tiap jelema rek ngabanjur. Atuh eta mah jibrug baju sakola teh, geus kitu ditimbulan ku tarigu bari endog diceplokeun kana hulu. Pas ditanya teh naha bet apal keur tepang taun. Si Amel ngajawab "Apal da dina Facebook maneh keur tepang taun".
5
surprise
2933
Conto ieu nyaéta sieun nyieun kasalahan sabab ditéwak ku atasan, teu resep ku batur-batur gawé, atawa dipecat. Ku alatan éta, pikir deui ngeunaan naon bener sieun anjeun. Contona, "Kuring sieun ngalakukeun kasalahan di tempat kerja sabab kuring henteu hoyong dipecat. Sabab mun dipecat mah moal aya deui sumber panghasilan keur nulungan kolot.” Conto séjén nyaéta "Kuring sieun gagal dina presentasi kuring sabab kuring henteu hoyong katingali teu mampuh ku kolega kuring." Upami anjeun tiasa, tuliskeun sadaya kahariwang anjeun sacara khusus dina salembar kertas supados anjeun gaduh gambar anu langkung jelas. Nyimpulkeun Harvard Business Review, metode ieu tiasa ngabantosan anjeun ngatasi kasieun anjeun ngalakukeun anu salah di tempat damel. Ku cara éta, anjeun tiasa nyadar yén kasieun ieu leres-leres tiasa diantisipasi ku ngamekarkeun strategi kerja anu langkung saé.
0
fear
6326
Salah sahiji syarat dina ngikuti organisasi kapus teh nyaeta pendidikan. Tah dina rangkaian pendidikan teh aya hiji hal nu paling dipikajiji nyaeta mun geus dititah anclub kana lumpur atawa danau nu loba lumpuran. Tah hal ieu teh jadi hal nu paling menjijikan di kalangan mahasiswa. Tapi, demi hayang asup organisasina, nya daek teu daek kudu ngalakonan hal eta. Saawak-awak pinuh ku lumpur, jeung hese gerak kaditu kadieuna. Komo mun lumpurna deukeut jeung kandang ternak mah, mantak bau pisan kaambeuna ge. Nya geus diseuseuh ge bajuna bauna teh teu leungit, aya wae. Geus mah jorok, kudu ngeueum na lumpur, nyeuseuh bajuna hese deuihan.
1
disgusted
3030
Naon anu kudu dipigawé lamun kandaraan geus gagal rem di jalan? Kacida situasional, mun sepi tur lega, meureun anjeun teu panik teuing. Anjeun tiasa ngabebaskeun gas ku ngandelkeun rem mesin, atanapi laun-laun nurunkeun gear supados mesin janten beurat sareng ngalambatkeun. Upami mobil hurung lampu bahaya, upami perlu masihan sinyal tina klakson atanapi muka jandela, supados jalma-jalma di sabudeureun sadar sareng waspada. Mun naek motor mah kurang leuwih sarua, tapi teu kabeh motor boga lampu hazard. Nyuntik/tarik remna sababaraha kali, saha nu terang moal jalan sabab ngan ukur macet, teu pati ruksak. Masalahna upami tos caket sareng rame. Leuwih hade nabrak sisi/sisi jalan nu teu aya jelema. Gantina neunggeul hareup, nambahan korban, Insya Alloh. Kami nyarankeun yén sateuacan jalan, pariksa kaayaan kendaraan. Ngan cek gancang, pikeun cakram motor anjeun tiasa ningali sabaraha minyak rem anu tetep. Henteu gancang ogé - iwal motor modél heubeul.
0
fear
5705
Poe ayeuna Indra teh kenging bantuan sosial ti pamarentah. Kamari surat undanganna ditepikeun ku pegawai desa. Titah datangna teh jam dalapan isuk. Indra ngahaja inditna teh jam tujuh supaya bisa ngantri jeing tiheula. Ai nepi ka tempat pengambilanna, Indra tuluy baris dihareupeun panto. Geus nunjukeun jam salapan petugas desa nu ngabagikeunna can datang keneh. Pas jam satengah sapuluh nembe datang, Indra meuni keseleun pisan tuluy komplain menta buru-buru dibuka sabab geus manjang antrean na. Petugas na meuni nyantai, kalah ngaheulakeun kulawargana. Indra tambah kesel sabab ngarasa teu adil. Tuluy Indra menta tulung we ka polisi supaya ditertibkeun kabeh susunan antreanna.
4
angry
5585
Karin nembe nikah tujuh bulan katukang. Kahirupan rumah tanggana lancar jeung teu aya hambatan. Hiji poe, Karin ngarasakeun seueul pisan nepi ka ongkek, tapi euweuh bukur nu kaluar. Mood Karin sok oge jadi acak-acakan, hoream nyabak naon, nepi ka mandi ge kadang mah sapoe ngan sakali. Karin teu ngeuh yen anjeunna acan haid. Tuluy nitah carogena meser test pack. Pas dicek nu katilu kalina, alhamdulillah hasilna positif hamil. Karin reuwas jeung atoh pisan ningali hasilna. Jadi Karin ngarti ayeuna mah naha moodna jadi teu nangtu. Caroge na reuwas bari atoheun pisan, mudah-mudahan we sing aya rezekina kangge ngarawat ieu utunna.
5
surprise
7003
Basa janten mahasiswa anyar, abdi cicing di asrama kampus. ieu teh kahiji kalina abdi cicing di luar imah sorangan. Sanajan aya batur di kamar na, angger we abdi ngarasa keeung lantaran rerencangan sa kamar ieu teh leuwih resep kempel jeung babaturan na anu ti kampung. Abdi sok hoyong geura uih lamun keur di asrama. Jaba sinyal si asrama teh kirang sae, janten abi oge teu tiasa ngerjakeun tugas maksimal, teu tiasa oge nelepon ka anu di bumi lantaran teu aya sinyal. Lamun bade mesen dahareun peuting-peuting oge tos teu aya warung, laumn bade oge kedah ka handap jauh pisan kedah ngangge ojek, jaba poek kamamana.
2
sad
5965
Kasus bullying di sakola teh marak pisan terjadi, lain wae di Indonesia, tapi oge di luar negeri. Aya hiji kasus pembullyan nu dilakukeun mahasiswa di kampus ka babaturanna sorangan. Malahan mah dugi ka ngarenggut nyawa. Jadi, aya hiji mahasiswa nu berasal ti kulawarga teu mampu, kuliah di jurusan ekonomi. Ku babaturanna teh sok dibully sabab sok tinggaleun wae dina gal jeung dina perkuliahan teh. Salila sataun dibully jeung teu wani ngalawan, anjeunna ngakhiri hirupna ku cara gantung diri di kamar kostanna. Mayatna kapanggih tos saminggu kemudian. Uyuhan we nu ngabully na teu ngarasa boga salah ka batur komo nepi ka sajauh eta mah efekna.
0
fear
2171
Éta hadé pikeun terang anu nyababkeun trauma budak leutik anjeun. Téori psikologina disebut Classical Conditioning. Janten, upami anjeun sieun ku anjing (Cynophobia), panginten anjeun kantos ngalaman pangalaman goréng sapertos digigit nalika pendak sareng anjing. Sanaos henteu sadayana anjing agrésif, tapi kusabab anjeun ngahubungkeun anjing salaku hal anu négatip, anjeun sieun anjing. Kumaha carana meunang leupas tina pobia téh Kahiji nyaeta anjeun kudu boga kahayang cageur, loba jalma anu boga phobias teu boga kahayang cageur. Anu kadua nyaéta paparan minor, sapertos ningali poto anjing lucu, ngupingkeun sora anjing, sareng ningali video anjing maén. Laksanakeun léngkah-léngkah ieu, dugi ka anjeun nyaman. Anu katilu nyaéta paparan langsung kalayan ningali langsung anjing ti kajauhan, nyobian ngadeukeutan, sareng tungtungna maén sareng anjing. Upami anjeun parantos suksés ngalakukeun ieu, ucapan salamet anjeun parantos pulih.
2
sad
2595
Waktu SD, barang kotor, babaturan kuring bodas murni, budak kelas sok ngajak babaturan kuring carita haha ​​​​hihih pas miluan, ujug-ujug jempe silih teuteup, ahirna kuring ditinggalkeun. nyalira Waktu keur SMP mah masih keneh barang kotor, resep milu organisasi, loba babaturan awewe tapi kuring ngan boga 1 atawa 2 babaturan lalaki, nu sejenna melong ilfeel lamun ningali beungeut kuring ( Kuring ngagabung osis sareng dikenal paling killer, panginten éta alesan aranjeunna benci kuring) Neraskeun basa kuring keur SMA, babaturan budak awewe mah bodas moncorong, unggal kuring ngadu’akeun atawa pamadegan, budak sok narima, padahal mun kuring boga pamadegan mah ngan ukur asup kana ceuli katuhu jeung kaluar ti kuring. ceuli kénca. Ngabogaan skin item teh ujian yeuh.. Tapi sadayana parantos robih kusabab diajar online anu ngajantenkeun kuring cicing di bumi sareng rajin ngurus kulit nalika pendak di sakola, seueur jalma anu lapar.
4
angry
3026
Kuring geus sababaraha kali ngalaman rem gagal, anu paling parah nalika kuring nyetir treuk tronton, aya sababaraha mobil di hareup kuring, sakali alatan bocor di klep hawa. Abdi ningali jarum indikator tekanan hawa masih naek turun kana rem hawa teras nganggo rem tangan teu tiasa dianggo deui. Akhirna tabung hawa kosong sareng jarum indikator nunjukkeun nol. Abdi henteu tiasa ngalakukeun nanaonan deui.kuring ngoyagkeun pedal rem, rem teu ngabales pisan.kuring mukakeun panto rek maca syahadat,terus kuring luncat treuk, ngalieuk ka jurang,teu nyaho saha nu nulungan jeung saha nu mawa kuring. ka rumah sakit. upami treuk ngalaman kagagalan rem, khususna nalika aya di jalan anu sibuk sareng teu aya jalur nyalametkeun, anu tiasa urang laksanakeun nyaéta ngadoakeun sareng nyingkahan seueur korban jiwa.
0
fear
613
Rasa reuwas jeung bungah campur aduk pas meunangkeun hadiah giveaway nu diayakeun ti salah sahiji channel Youtube. Mindeng miluan giveaway boh ti Instagram atawa ti Youtube, tapi emang ku sabab sainganna loba jadi kemungkinan meunangna oge rada hese. Tapi hiji waktu mah reuwas, pas diayakeun bewara nu meuanng giveaway langsung disiarkeun tina salah sahiji channel Youtube. Pas muka acara langsungna, urang geus ngaderegdeg, dina pikiran mah ah sigana moal meunang deui wae da sainganna ge rebuan. Tapi pas dilakukeun pengocokan make hiji aplikasi sacara random, ngaran urang aya didinya jeung kapilih meunangkeun Giveaway monitor. Mimitina mah urang teu percaya saking ku reuwasna, tapi isukna aya tim anu ngayakeun giveawayna ngahubungi urang ngaliwatan IG. Deg teh kana hate geuningan bener urang meunang.
5
surprise
4391
Batur teu meunang ngahina fisik batur kusaba fisik batur teh karunia tiAllah SWT, lamun urang ngahina fisik batur sarua hartina jeung urang ngahina pencipta-Na. Urang lamun salaku korban wajib kudu nyaretan jeung bela diri sangkan jelema kawas kitu kapok. Artis nyeta pagawean anu hirup na jeung pagawean na dina tivi ieu teh rawan pisan kena bodyshaming atawa di hina fisikna, Aya loba artis anu nyobaan teu paduli, aya anu negur jeung aya oge anu teu asa asa ngalaporkeun kusabab teu tarima di hina kawas kitu. Salah sahiji artis anu ngalaporkeun anu geus ngahina fisik teh Anjasmara, maneh na ngalaporkeun jelema anu geus ngahina fisik istrina nyaeta dian nitami.
4
angry
5556
Abdi pernah katinggaleun bus basa nuju di POM Bensin. Harita teh nuju istirahat kangge sholat dzuhur. Beres sholat, abdi ka alfamart heula kangge meser jajanan. Di alfamart abdi meuli roti jeung susu supaya teu lapar teuing di jalan. Pas kaluar ti alfamart, bus na geus teu aya. Ku abdi dipilarian ka unggal juru pom bensin ge teu aya. Abdi tos panik pisan sabab teu mawa hape jeung deuih acis tinggal lima puluh rebu. Naroskeun ka petugas POM, ceunah emang busna geus angkat. Abdi makin kalut, lumpat we ka sisi jalan niatna rek megat bus sejen. Abdi hariwang pisan sabab teu bisa ngahubungi sasaha. Teu lila, kenek bus lulumpatan nyampeurkeun abdi, alhamdulillah aya keneh milikna.
5
surprise
7323
Abdi gaduh rerencangan anu awakna leutik. Saking leutikna seeur batur anu nyebut manehna triplek. Awalna manehna teu paduli cariosan batur anu kirang sae. Tapi hiji waktos pas aya hiji rerencanganna anu moyok manehna triplek jeung cacingan, manehna langsung ambek teu tarima disebut cacingan. Manehna oge nyarios yen manehna teu cacingan lantaran mamahna salalu masihan dahareun anu cekap porsi sareng gizina kanggo manehna. Manehna oge ngomong yen salila ieu manehna cicing hungkul jeung teu pernah ambek lamun dipoyok, tapi ayeuna manehna teu tarima disebut kitu. Lantaran emosi manehna langsung indit sabari ngagebrak panto. Ieu kahiji kalina abdi ningal manehna ambek nepikeun kitu.
4
angry
6299
Abdi mah sok males jeung hoream mun sapake sendok atawa tempat nginum teh jeung batur. Komo deui mun baturna langsung make alat makan pribadi nu urang mah,sok hoeam pisan. Pan ngahaja mawa alat makan jeung inum sorangan teh supaya teu capur jeung batur, eh angger wae aya nu menta jeung sapake. Padahal kan teu kabeh jalma bisa teu geuleuhan kana ciduh batur teh. Abdi mah tipe nu jijian pisan mun sapake barang dahar atawa nginum jeung batur teh, komo mun jeung nu teu pati deukeut mah. Yuk ah urang biasakeun make alat makan jeung nginum nu sorangan, ulah nepi ka sapake jeung batur da teu apal kasehatan batur!
1
disgusted
5554
Ika hudang sare jam genep isuk tina biasana jam lima. Ika langsung mandi tuluy beberes kamar jeung barang bawaan anu rek dibawa. Poe ayeuna Ika rek indit ka Semarang make bus. Tiketna geus meuli kamari siang, kabagean kaberangkatan bus nu jam tujuh isuk. Semet siap-siap, Ika rada rusuh sabab bisi katinggaleun busna. Ti imah a agen bus teh lima belas menit mun make motor. Ayeuna geus nunjukkeun jam 7.40, Ika makin rusuh sabab barang bawaan na can beres kabeh. Hudangna oge kabeurangan sabab peuting begadang. Ika gurunggusuh pisan, jam 7.50 karek indit ti imah dianterkeun ku adina. Pas nepi ka agen, ternyata bus na karek indit lima menitan. Ah Ika tinggaleun bus, Ika baeud bari ngutruk sabab tinggaleun. Mutuhna mah jadi ganti jadwal we ka nu beurangna.
5
surprise