id
stringlengths
3
4
text
stringlengths
467
2.16k
label
int64
0
6
label_text
stringclasses
7 values
8157
Pikeun nungkulan demam panggung aya babaraha cara nu sederhana nanging efektis nu tiasa dilakukeun. Saacan tampil biasakeun urang ku latihan. Teras ngabatasan ngonsumsi kadaharan atanapi inuman nu ngandung seueur kafein tur gula. Ulah fokus ka kasalahan-kasalahan cekap pikirkeun kasuksesan urang tampil dihareupeun batur. Diajar teknik pernapasan nu tiasa nenangkeun awak nyalira. Janten diri nyalira tur bersikap natural. Upami tos aya di luhur panggung aya trik-trik oge nu tiasa dilakukeun. Trik pertama fokus ka beungeut nu lalajo urang supados katempo darehdeh. Seuri nu halus pikeun ngabantos awak urang janten rileks tur tenang. Usaha nyayogikeun nu pang saena kanggo batur nu lalajo.
0
fear
5307
Mun hirup ngarantau mah, urang kudu bisa diajar mandiri. Sagala rupana kudu bisa dicumponan ku sorangan. Mulai tina ngatur kauangan ku sorangan, nyumponan kabutuhan makan ku sorangan, jeung sajabana. Intina urang bakal diajar hirup beneran di masyarakat. Anggap we simulasi jeing kahirupan kahareupna nu bakal kasorang. Komo mun ngarantauna jauh mah, kudu nyisihkeun panghasilan jang ongkos. Can kabutuhan lain jiga meuli tooken listrik, meuli sabun, meuli kuota, jeung sajabana teh istunding diatur ku sorangan. Mantak didinya skill kamandirian urang teh dimunculkeun jeung diasah supaya bisa siap ngahadapi kahirupan nu sabenerna di masyarakat. Tong dibawa pusing atawa sedih, jalani we naon ayana supaya urangna teu jadi beban.
2
sad
8972
Waktu harita kuring jeung babaturan keur ulin di kebon mangga nu tatangga. Di dinya urang ningali buah mangga ngora anu katingali saé lamun didamel rujak. Pamustunganana, urang ngabagi tugas, aya nu mawa alu, gula beureum, cabe, péso jeung nu nyokot eta buah mangga ngora. Kuring kabagian nyandak buahna, waktos éta teh kuring nyandak tilu buah. Geura urang mesek jeung nyieun rujak tina buah nu tadi dipelak. Bakat ku sieun dicarékan ku tatangga pedah nyokot buah teu idin, kumargi kitu, saparantos ngarujak, sim kuring sareng rerencangan angkat ka bumi tatangga sareng ngaku yen urang nyandak mangga teu idin. Untungna teh urang teu dicarékan, ngan ukur dipapatahan teu meunan nyandak sesuatu lamun teu idin, sabab éta téh sarua jeung maling.
0
fear
2214
Di dinya timbul rasa kaduhung anu jero. Teu jarang rasa kaduhung hese dileungitkeun sanajan mangtaun-taun. Saolah-olah aya nu ngahalangan sarta kahayang pikeun nyalahkeun diri salawasna datang nalika urang inget moment éta. Janten, kumaha anjeun nyingkirkeun kaduhung ieu? Naon waé carita goréng dina jaman baheula anu ngajadikeun anjeun kuciwa, anjeun moal tiasa ngarobih. Hiji-hijina hal anu anjeun tiasa laksanakeun nyaéta nampi sadayana éta salaku bagian tina jalur kahirupan anjeun. Sadar yén tanpa pangalaman goréng ieu anjeun moal aya dimana anjeun ayeuna. Satuluyna numutkeun ahli psikolog perkawas rasa nyesel teh, urang bener-bener kudu eureun nyalahkeun saha waé pikeun kajadian-kajadian nu teu pikaresepeun nu geus kaliwat. Beuki mikir saha nu salah, beuki kuat rasa kaduhung narajang hate jeung pikiran. Janten jalma anu wijaksana sareng sadar yén anu kajantenan mangrupikeun takdir anu teu tiasa dirobih. Teuing sabaraha urang néangan saha nu salah, rasa kaduhung bakal salawasna aya. Ku kituna, eureun ngalakukeun éta sakabéh tur mimitian ku diajar ikhlas bakal leuwih ngurangan rasa kaduhung nu aya.
2
sad
2179
Waktu keur SD keneh, kuring hayang pisan bisa neruskeun kuliah di UI, sedengkeun cita-cita kembar mah has lolobana budak leutik: jadi dokter, teu paduli nu lulusan mana. Salaku waktu ngalir, kahayang urang robah. Lanceukna kembar kuring hoyong neraskeun kuliahna dina Psikologi-tapi henteu acan mutuskeun di kampus-samentara éta kuring mimiti teu yakin naha kuring hoyong nyandak program studi anu kuring hoyongkeun sareng mimiti ngeunteung. Waktu keur SMA, si kembar ngimpi Psikologi UGM, bari mutuskeun milih program studi Sejarah, Sastra Indonesia, atawa Sosiologi UGM, sanajan kuring masih can yakin hayang nyokot program studi ieu. Urang teu lolos deui di SBMPTN. Waktos ieu, kuring henteu kuciwa teuing, sabab kuring ngartos masih seueur pesaing. Pelajaran anu tiasa dicandak nyaéta henteu sadayana anu urang pikahoyong tiasa dihontal, tapi henteu sadayana anu urang pikahoyong goréng pikeun urang, sareng tetep kerja keras kumaha wae hasilna.
2
sad
2090
Ieu carita ngenaan ucing kuring, kuring jalma anu resep pisan nongkrong sareng ucing. Najan kitu, sakapeung kuring sirik ka ucing batur anu unik pisan sareng manja, sabab ucing kuring sorangan mangrupikeun ucing anu apatis, sareng resep lumpat tanpa diganggu nalika maén. Tadi basa kuring ngarasa ambek jeung ngagorowok "bangsat" datang ucing kuring luncat kana kasur bari neuteup kuring sakedapan. Kusabab kuring emosi, kuring ngomong ka ucing kuring, "Ningali naon maneh? Saha ngaran maneh, bangsat?" Ucing kuring henteu ngajauhan atanapi ngajauhan, tapi anu dilakukeun ku anjeunna ngan ukur ngaletak leungeun kuring sareng meong sareng ngadeukeutan sareng ngadeukeutan kuring. nu ternyata mah eta mangrupikeun salah sahiji ciri ning ucing teh sayang ka kuring, tidinya weh jadi kuring sayang pisan ka ucing.
3
happy
1019
Mindengna mah ditodong senjata teh pas posisina keur sepi atawa jauh di pemukiman. Tapi sakapeung mah aya nu ngalakukeunna teh di jalanan, mun kieu mah urang bisa ngajorowok menta bantuan. Lantaran mindeng batur teu nyadar urang keur aya dina masalah, jadi urang kudu mere nyaho maranehna ku ngajorowok menta bantuan. Biasana ku make kecap "Tolong" batur bakal nyadar yen urang teh keur dina kaayaan nu bahaya. Urang bisa sabari lumpang mun ngamungkinkeun mah, sanajan urang bisa bela diri, tapi mun ngalawan senjata kawas peso mah mending ge lumpat. Emang mun lumpat teh boga kesan siga pengecut tapi ieu pilihan nu paling alus jang bertahan hirup.
0
fear
9186
Waktu keur olahraga kuring ngaliwat ka hiji imah anu di hareupeun imahna loba tumpukan runtah. Sigana teu diurus ku nu nyicingan imahna, siga nu teu paduli kana lingkungan imahna. Kuring kakara kaliwat geus jijik pisan, sabab tempatna kotor pisan, komo deui jeung bau runtahna anu kacida pisan. Malahan kuring bisa ngambeu ti kajauhan, komo jalma anu cicing di dinya. Ahirna kuring nuluykeun olahraga kuring nu katunda sabab kuring nempo heula eta tumpukan sampah. Saatos ningali éta, kuring langsung ngabersihkeun sampah anu aya di sakuriling imah kuring nalika kuring balik ka imah, sanaos sakedik, kuring langsung beberesih supados runtahna teu numpukan sareng ngaganggu kanyamanan batur jeung tatanggi nu sejen.
1
disgusted
6280
Mun nuju liliwetan teh sok aya we jalma anu ongkek atawa jiji mun ningali meuncit hayam teh, komo mun nu dipeuncitna hayam nagari mah. Bororaah ngabantuan meresihan hayamna, ningali jeung ngambeu bau hanyirna ge meuni geus ongkek da seueul kana angen. Mantak, mun aya nu meuncit hayam teh sok tara mimiluanan. Malahan mah sok ngajauh tina nu meuncitna. Jadi, bau hanyir tina getih hayam teh jadi hal nu mantak seueul ka sabagean jalma. Bau hanyirna teh tuda mun ges kana kulit sok hese leungit, sok tuluy we aya bau hanyir na teh, jadi sok kalah ka babaueun ka poe salanjutna teh.
1
disgusted
287
Pernikahan nu bahagia pasti di pikahayang ku tiap jelema nu geus kawin, tapi aya sababaraha cara jang bisa boga pernikahan nu bahagia. Nu kahiji kawin jeung jelema anu tepat. Nu kadua bersyukur jeung puas, ulah iri ka batur. Kudu fokus kana kabageuran jeung bersyukur sabab manehna jadi pasangan. Nu katilu ulah egois, kudu ngaprioritaskeun kabagjaan pasangan jeung anak-anak. Sabab kabagjaan anak-anak jeung pasangan teh kabagjaan urang oge. Nu kaopat bisa olahraga babarengan, sabab olahraga bisa nyiptakeun perasaan bungah. Nu kalima kudu ngalakukeun pola dahar anu sehat, ngameh mibogaan kulawarga nu sehat, jeung kahindar tinu panyakit, jadina ngahemat duit oge jang berobat.
3
happy
4672
Rata-rata jelema anu can pernah aya di kalobaan jelema pasti ngarasakeun panik jeung sieun, komo mun di sitah ngomong hareupeun jalma anu loba moal teu langsung kesangan panik. Di sakola ge kadang sok aya murid anu kasieunan mun di tanya ku guru, boh sieun mun hayang nanya. Kusabab pasti murid nu sejen teh narempokeun, kadang sabulan sakali sok aya presentasi ka hareup ngajelaskeun salah sahiji hal atau materi anu di buku. Sabagen jalma pasti aya anu teu bisa sare komo mun geus tereh giliran presentasi kadang sok ngadadak nyeuri beuteung, ngadegdeg jeung kesangan. Mun bisa mah samemeh rek presentasi teh latihan heula anu bener-bener, apalkeun kabeh materina meh rada ngarti naon wae anu penting tina materi eta. Sabisa mungkin mun keur presentasi tempokeun penontonna, meh anon anu ku urang di jelaskeun teh, batur ngararti jeung paham. Teras tas eta urang kudu nyaho kamungkinan pertanyaan anu di tanyakeun saengges presentasi meh teu kudu mikir lila jeung kalah ngajieun panik ka diri sorangan, soalna rata-rata anu panik keur presentasi mah kalah kah gagal teu apal nanaon teu bisa di teruskeun ku sabab geus kaburu panik
0
fear
7595
Urang kedah waspada di mana wae urang cicing, komo lamun di tempat anyar. Lamun urang ngalaman kajadian anu kurang ngeunah sapertos dituturkeun ku jalmi anu teu dikenal, sae na mah urang langsung asup ka tempat rame sapertos warung atawa mol, pokonamah ulah cicing sorangan, ulah lumpat, komo nantang jalmi anu nuturkeun lantaran urang teu apal motif jalmi eta nuturkeun urang teh jang naon. Bisi manehna aslina lan hiji urang, tapi bareng jeung babaturanna. Urang oge ulah langsung balik ka imah urang, lamun jalmi anu nuturkeun eta apal imah urang, pasti isukna bakal dituturkeun deui atawa manehna oge bisa wae ngantosan di hareup imah urang.
0
fear
7549
Lamun bade dicabut huntu anu badag pasti kedah dibius heula, abdi mah sabenerna leuwih sieun ka jarum suntik kanggo bius tibatan pas dicabut huntuna. Lantaran karasa pisan lamun jarum disuntikkeun kana gusi teh pasti nyeri pisan kana gusina. Pernah oge abdi dibius, rasana siga digunting gusina ku dokter gigi. Ayeuna abdi kedah dicabut deui gigina. Asalna abdi nyarios ka dokterna supados teu kedah dibius. Tapi ningal resikona anu lumayan badag, dokterna tetep ngabius kuring. Pas eta jarum bade diasupkeun kana gusi, abdi langsung pereum. Pas jarumna tos ditojoskeun kana gusi abdi langsung ceurik lantaran nyeri pisan. Nepikeun eta huntu tos dicabut oge tilas disuntikna masih keneh karasa.
0
fear
5588
Biasana mun nuju hamil mah pasti seueur kahoyong nu kacida ngelayna, disebutna teh ngidam. Tah ceuk kolot baheula mah lamun ngida teh kudu diturutan sabab mun henteu bakal jadi mamala ka si utun nu dikandung na. Misalna ngidam dahareun, kudu pisan dicumponan ku cara dibeulikeun sasuai jeung kahayangna. un teu diturutan bakal nyieun si utun na ngelay mun geus lahirna teh nepi ka gede. Mun kaliwat atawa poho oge angger pas si utun geus lahir mah dahareun nu dipikahayang na teh kudu diledatkeun kana biwirna supaya teu jadi ngelay sabab aya kahayang dahareun. Hal ieu teh teu bisa dibuktikeun ngan tapi bener ayana.
5
surprise
4330
Lamun urang kapanggih jeung babaran lila teh rasana bungah pisan, komo lamun ningali yen babaturan urang teh geus jadi jelema anu sukses ayeuna tapi tetep teu ngarubah tetep jadi babaturan iga jaman baheula. Minggu kamari urang jajan seblak ka warung seblak anu geus lumayan terkenal, urang teh geus lumayan sering kadinya, urang teh teu apal yen anu boga warung seblak eta teh babaturan urang nu geus lila ti jaman sakolah SMP keneh. Mimiti kapangih urang teu sangka yen anu ngalangan babaturan sakola urang baheula, urang duaan reeuwas yen urang kapanggih didinya tuluy urang duaan bungah tuluy loba carita kumaha kahirupan urang ayeuna.
5
surprise
9181
Jaman kuring leutik keneh, lamun ulin jeung babaturan kuring resep ulin di sisi jalan hareupeun imah, kabeneran aya jarak anu lumayan lega. Biasana urang ulin keusik, ulin sapedah, atawa ulin udag-udagan. Basa kuring keur ulin udag-udagan jeung babaturan, ujug-ujug aya mobil nu ngaliwat terus nyiduhan tina jandela. Ciduhna beunang kana suku kuring, kuring langsung ceurik lantaran ngarasa jijik. Hayang ngudag mobilna, tapi kuring leutik keneh bari mobilna geus jauh oge. Kuring langsung balik ka imah kuring ngadu ka bapa kuring yen kuring beunang kana ciduh batur. Tapi tetela bapa kuring oge malah nyarekan sabab ulin di sisi jalan teh bahaya oge, ahirna kuring sadar. Saprak harita kuring geus teu ulin di sisi jalan deui.
1
disgusted
8153
Tiara ti leuleutik resep pisan nu ngarana nyanyi. Sanajan teu dileskeun nyanyi ku kolotna nanging seueur jalmi nu nganggep sora Taiara teh sae pisan. Salila ieu Tiara nyanyi ngan saukur seneng-seneng hungkul teu dijantenkeun profesi sapertos penyanyi profesional. Paling banter manehna kantos nyanyi di acara ulang taun babaturanna. Tetela di acara ulang taun babaturanna ieu aya produser musik nu ngadangu sora Tiara keur nyanyi. Tiara ahirna diajakan rekaman tur ngarelease lagu. Laguna viral pisan kakoncara dimana-mana. Tiara seueur diundang ka acara-acara. Kusabab can kantos nyanyi dihareupeun seueur jalmi Tiara ngaraskeun sieun kusabab demam panggung. Sieun ekspektasi batur teu saluyu sareng kamampuan Tiara. Tetela naon nu dipikasieun ku Tiara teu kajadian kabeh nu ngadangu Tiara nyanyi emprak sarerea.
0
fear
2912
Aya sababaraha tips sangkan urang teu panik nalika ngalakukeun kagiatan ngojay, diantarana 1) Ngawasaan teknik ngojay, kahiji Nalika aya anu ngojay, tilelep mangrupikeun hal anu paling sering dipikahariwang ku kalolobaan jalma. Sanajan tilelep ogé bisa lumangsung lamun teu boga kontrol alus bari di kolam renang, utamana lamun ngarasa leuwih panik, teu mustahil anjeun bakal langsung tilelep. 2) Biasakeun ngabaseuhan sababaraha anggota awak anjeun dina kolam renang, langkung saé sateuacan ngalaksanakeun latihan ngojay ieu anjeun mimiti ngabasahi sababaraha awak anjeun ku cai, atanapi anjeun ogé tiasa nempatkeun suku anjeun heula kana kolam renang, sareng 3) Mimitian lalaunan, Léngkah-léngkah awal tiasa calik heula di tepi kolam renang, teras mimiti asup ka kolam renang, upami jalma éta henteu betah anjeun henteu kedah maksa, sabab ieu ngan bakal ngajantenkeun anjeunna langkung panik.
0
fear
2439
Teu kurang aneh ti carita hantu legendaris ieu ti Inggris. Carita dimimitian di Highgate Pond, Inggris. Nalika filsuf sareng élmuwan Sir Francis Bacon (circa 1626) gaduh argumen sareng sobatna, Dr. Witherbone, ngeunaan cara ngawétkeun hayam. Bacon diideuan ku cara pamayang ngala lauk asin, teras nerapkeun téknik anu sami. Tapi dibéré robah saeutik, hayam. Anjeunna ogé nyandak hayam jalu, dipeuncit sareng dibersihkeun, teras dieusi salju. Daging hayam teu ruksak sanggeus leuwih ti saminggu disimpen dina husks katutup. Lajeng kalawan kapercayaan, Bacon diolah kana sababaraha ménu. Sababaraha dinten saatos tuang éta, Bacon ngalaman nyeri beuteung anu aneh. Nepi ka manéhna ngagolér dina ranjang salila sababaraha minggu, saméméh manéhna maot. Saatos éta, seueur warga Highgate Pond ngalaporkeun ningali hayam jago tanpa sirah bertengger di sekitar bumi Bacon. Hayam ngaléngkah kawas hayam jago biasa, ngepak-ngepak jangjangna jeung ngoréjat taneuh ku cakar.
5
surprise
2108
Yeay, ahirna abdi oge tiasa ngawaler patarosan ieu, kajadian anu sabenerna lumangsung rada lila di bulan Juni 2022, jadi kieu caritana. Sore-sore ngagulung-ngagulung carita WA, ningali carita babaturan, cenah aya artis A deui, syuting di kampung kuring, panasaran, kuring langsung ngecek ig story artis, da bener manehna syuting di kampung kuring, balik ti sakola langsung mawa sapedah pikeun mastikeun eta bener masih aya atawa henteu, sabab éta tempat dimana kuring syuting jalur sapédah kuring dina weekends. Anjog ka lokasi teh rame pisan da loba jelema jeung mobil, oh heueuh manehna keur syuting di hiji SMA, ngan tepi ka sawah, pamandanganana alus pisan. Biasana kuring jalma anu wani jang nyamperkeun langsung ka artis idola teh, nya kukuring dilakukeun weh jeung alhamdulilah na bisa foto bareng jeung malah foto nu disimpen teh di tanda tanganan.
3
happy
289
Lamun ditinggali dina batas usia ideal jang kawin nu ditetepkeun undang-undang teh nyaeta 19 taun. Tapi ngarujuk ka BKKBN, kawin dini di antara rumaja usia belasan taun loba nu kajadian sabab alesanna adat atawa hamil di luar nikah. BKKBN oge ngalaporkeun lamun leuwih ti 50 persen kawin dini teh akhirna papisah alias cerai. Sabab loba anak rumaja nu acan cukup dewasa dina segi cara mikir jang mereskeun masalah nu aya jeung kurang pangalaman oge nyanghareupan konflik anu aya di rumah tangga, anu tangtuna beda pisan jeung jaman bobogohan. Leuwih alusna kawin di usia 25 taun ka luhur tibatan kawin belasan taun.
3
happy
6943
Basa keur leutik, abdi pas janten budak SD pernah dipasihan tontonan anu nyingsieunan abdi. Pas abdi lalajo eta pidio di sakola abdi reuwas pisan. Abdi karek sadar pas balik ka imah abdi janten kaingetan vidio anu tadi ditonton di sakola, abdo janten tiasa bobo. Abdi nyangkana abdi teu tiasa bobo na ngan wengi ieu hungkul, tapi nyatana abdi teu tiasa bobo unggal wengi nepikeun dua minggon. Abdi te wantun nyarios ka sasaha lantaran sieun upami nyaritakeun ka batur, bisi kainget deui ka pidio eta. Butuh waktos mangtaun-taun kanggo ngaleungitkeun memori anu nyieun abdi sieun eta. Lamun diinget-inget abdi sok janten ngarasa ambek ka guru anu masihan tontonan any nyingsieunan kitu.
2
sad
6369
Ayeuna mah keur usum model baju kameja bunga-bunga. Biasana mah sok seueur anu meser sabab keur trend pisan. Kaciri ku lobana nu make baju samodel jeung samotif. Warna na oge deuihan mun henteu pink, warna hideung atawa cokelat. Jigana teh emang euweuh deui nu sejen nu dipikahayangna teh. Mun ka mana-mana teh sok loba nu kembaran bajuna padahal teu silih wawuh. Biasana oge deuihan meulina teh sok di Shopee atawa Tiktokshop da sabab murah tea jeung deuih gratis ongkir. Salian eta, model tiung nu na ge sarua, rata-rata sok make tiung nu segi empat. Model tiung na ge sok sarua, ngan ditalikeun ditukang hungkul.
6
shame
6004
Dina ngahaja uih ka imah ninina sabab sieun dicarekan ku kolotna pedah balik peuting teuing. Harita Dina balik peuting pisan sabab beres ulin kapeutingan jeung babaturanna. Tos wengi teh Dina alimeun uih ka bumi sabab bisi dicarekan ku kolotna, mantak uihna ka imah ninina. Dina ngahaja ngendong di ninina pake alesan supaya teu dicarekan. Isukna nembe uih ka imah bebejana ngendong ti burit di ninina. Padahal mah teu kudu ngabohong, jujur we ka kolot mah da dicarekan ge pake kabeneran, lain asal nyarekan wae. Barijeung kasalahan sorangan, kudu wani tanggung jawab. Dina harita ngabohongan kolotna da saking ku sieunna dicarekan.
0
fear
2456
Dina waktos éta anjeunna ngalaman keluhan kaséhatan, sarta mutuskeun pikeun neangan perawatan di rumah sakit badag di kota Depok. tanpa pamariksaan anu ngadukung, anjeunna dihukum ngagaduhan masalah jantung sareng kedah langsung dipasang. Dokter masihan katerangan ngeunaan cincin anu dimaksud ku ngabocorkeun perkiraan harga anu rada ageung. Sanggeus balik ti rumah sakit, indung kuring mikir ngeunaan eta sadaya waktu jeung bener depresi. Anjeunna terus naroskeun patarosan ngeunaan putusan sareng mutuskeun pikeun milarian pendapat kadua ti profesor di rumah sakit jantung pusat di Jakarta. Pulang ti rumah sakit pusat ieu, anjeunna lega sabab profesor ngan nyebutkeun yen masalah indung kuring ngan masalah biasa ngalaman ku sepuh. Teu aya putusan haté, teu aya panggero pikeun masang ring, balik ka imah ukur resep vitamin.
5
surprise
7580
Saha anu teu sieun kana gogog atawa anjing. Sasatoan anu gaduh sora anu pikaseuneun ieu biasana sok dijadikeun sasatoan anu ngajagaan imah batur, janten lamun aya jalmi anyar anu asup atawa datang ka imah nu bogana pasti bakal digonggongan ku anjing. Basa abdi nuju balik sakola, abdi kapaksa kedah jalan sakedik di sisi jalan gede lantaran teu aya angkot. Poe eta angkot nuju dararemo janten abdi kedah mapah ka imah, pas di hareupeun salah sahiji imah abdi ningal aya anjing di dinya, aya dua anjing. Pas ngaliwat, abdi ningal panon anjing eta, teu lila kuring diudag ku anjing sabari digonggongan.
0
fear
9187
Di imah kuring, unggal jalma dibagi tugasna masing-masing, aya anu nyeuseuh piring, nyeuseuh baju, masak, ngalipetkeun baju, ngajemur baju, sareng ngaluarkeun runtah. Lamun pakasaban kuring di imah nyaeta nyeuseuh baju. Kuring kedah gugah énjing supados tiasa nyeuseuh baju sateuacan angkat ka sakola. Dina hiji poe, adi kuring, anu tugasna miceunan runtah hudangna telat pisan, jadi teu boga waktu keur miceun runtah. Tétéla éta runtah numpuk pisan poé éta alatan geus tilu poé teu di piceun. Kuring jijik pisan sebenerna lamun kedah ngabersihkeunana, pangpangna mah aya tei ucing ogé di jerona. Ahirna mah, lantaran kapaksa, kuring ngabersihkeun tumpukan runtah tuluy ngalungkeun ka TPA badag di luar komplek.
1
disgusted
238
Indonesia jadi salah sahiji nagara nu boga tingkat kriminalitas pangluhurna tina kasus penipuan. Modus penipuan oge ayeuna mah henteu kawas baheula, anu ngahipnotis di tempat umum. Tapi ayeuna mah penipuanna ngagunakeun teknologi anu salah sahijina teh penipuan undian berhadiah. Dara ti Badan Siber dan Sandi Negara (BSSN), serangan siber ti bulan Januari nepika bulan Agustus geus aya 189.937.542 kasus atawa hampir lima kali lipatna ti taun saacanna. Modus nu paling loba teh nyaeta phising. Sacara sederhana, phising dilakukeun ku penipu anu carana teh mere calon korban tautan ka hiji situs web palsu nu bakal maok data pribadi, sga nama lengkep, alamat, nepika nomor kartu kredit.
3
happy
9525
Pikeun ngarasa bagja ditampi di universitas, aya sababaraha hal anu tiasa urang laksanakeun. Kahiji, pastikeun urang minuhan sarat anu diperlukeun ku universitas. Ieu kalebet gaduh sasmita anu sae ti SMA atanapi atikan sateuacana, oge nyandak perlengkapan dokumen anu diperyogikeun universitas. Kadua, neangan informasi ngeunaan program studi anu urang hayang di universitas, sangkan bisa nyiapkeun kalawan hade. Katilu, pastikeun urang ngintunkeun dokumen pendaftaran sagancangna, supados urang tiasa ditampi di universitas anu dipikahoyong. Anu pamungkas, ulah hilap nyuhunkeun bantosan ti anu sanes, sapertos guru atanapi kolot, dina nyiapkeun persyaratan pikeun anjeun daftar ka universitas. Ku ngalakukeun hal-hal ieu, urang bakal ngagaduhan kasempetan anu langkung ageung pikeun ditampi di universitas anu dipikahoyong.
3
happy
9163
Kuring boga seueur ucing di bumi, ti anu ageung dugi ka anu alit sadayana aya. Sareng sadaya kulawarga kuring ogé resep maén sareng ucing di bumi. Tapi aya hiji hal anu paling teu dipikaresep ku sarerea di imah, nyaeta lamun ucing di imah geus modol, sarta pasti moal aya nu hayang beberesih, iwal adi kuring. Anjeunna oge teu daek pas ditaros mah, tapi kumargi teu aya nu kersa, nya kapaksa, akhirna ngabiasakeun. Tapi sakali kuring ditinggalkeun sorangan di imah, sarta dina waktu éta kuring lapar sarta hayang masak di dapur, tapi tétéla yén di dapur aya tai ucing dina lantai gigireun wastafel. Kuring embung meresihanna, tapi kudu beberesih da sieun ditincak ku suku kuring jeung bauna oge ngaganggu. Kuring nyoba nahan bau tai na nepi ka kuring make masker ngarah teu bau, tapi masih bau jeung kuring ampir utah alatan jijik ku bau tai ucing. Sarta sanggeus éta kuring langsung disemprot pewangi ambéh bau tina kokotorna gancang ngaleungit.
1
disgusted
5190
Tips supaya bisa papanggih jeung idola urang. Nu kahiji nyaeta meuli tiket konser. Tah mun dina konser mah urang pasti bakal papanggih jeung penyanyi idola urang. Pasti psan eta mah moal henteu. Nu kadua nyaeta milu kagiatan anu pemateri atawa pengisi acara na teh idola urang. Misalkeun miluan kuliah umum di kapus nu pembicarana teh idola urang. Tong nepi ka kaliwat, komo acara nu diayakeun taunan mah. Nu katilu nyaeta cobaan daftar gawe gabung jadi tim kreatif di media. Mun geus katarima jadi tim kreatif dina media mah unggal poeurang bakal papanggih bahkan bisa poto bareng jeung loba artis, komo mun aya idola urang mah didinyana.
3
happy
2873
Sateuacan ngawangkong ngeunaan hukuman pati, abdi hoyong ngobrol ngeunaan pati heula. Maot dina Al Qur'an ngagunakeun kecap موت mim-waw-ta. Umumna diinterpretasi salaku maot, teu hirup. Hayu urang coba pariksa dina sababaraha ayat naon hartina. "Atanapi naha anjeun nyaksian nalika Yakub maot, nalika anjeunna nyarios ka anak-anakna ... " (Al Baqarah 2: 133). "Wajib pikeun aranjeun, upama salah saurang di antara aranjeun maot, lamun ninggalkeun harta banda, wasiat ka indung bapa jeung baraya deukeutna sacara ma’ruf, (éta) kawajiban pikeun jalma-jalma anu taqwa." (Al Baqarah 2:180) " Dina conto dua ayat di luhur, urang tiasa maca yén Yaqub sareng jalma-jalma soleh masihan wasiat sanés nalika maot (maot), tapi sateuacan maot (wates hirup). Kaayaan ieu dina basa Indonésia disebut maot.
0
fear
2880
Waktu harita kuring keur ngararasakeun ulin jeung misan kuring, harita kuring jeung misan keur ulin di ruang tamu nini, kajadianana beurang kira-kira jam 11-13.30. Sakeudeung kuring ningali kalangkang pocong jangkung gede di tukangeun hordeng kamar.Waktu keur leutik kuring langsung ngagorowok sabab reuwas oge, tuluy langsung ngomong aya pocong di kamar.Tapi kaom kuring seuri. .Ceuk mana aya hantu di siang bolong mah aya titikna sabab lamun difilmkeun dina film horor mah hantu teh ngan muncul peuting. Waktu keur SMP jeung SMA oge aya kajadian mistis, tapi kuring ngan ngambeu kembang jeung ngadenge sora-sora anu teu aya wujudna, tapi kuring inget kana kajadian ieu jelas jeung bau kembang jeung sorana oge jelas pisan.
0
fear
6813
Pas waktosna aya bewara kalulusan SBMPTN. Abdi nuju kondisi masih keneh sedih lantaran aya kulawargi anu pupus, janten abdi teu wani muka bewara lantaran bisi teu katarima jeung bisi nambihan kasedihan. Tapi rerencangan abdi seeur anu tos muka bewara jeung tos arapal hasil kalulusan abdi. Seeur oge rerencangan anu narosan langsung ka abdi. Pas ningal, alhamdulillah abdi katarima di Universitas Padjadjaran, di kampus anu dipikahoyong di baheula. Abdi sontak langsung ngabaran pun bapa jeung sadaya kulawargi. Alhamdulillah sadayana bungah ngadangu kabar anu sae ieu. Abdi atos jeung ngarasa syukur pisan lantaran tiasa masihan kabar anu sae ditengah-tengah kondisi kulawargi anu keur sedih.
3
happy
2970
Dina pamanggih kuring, éta normal. Salami anjeun tiasa nyiapkeun diri sareng gaduh kaahlian mitigasi bencana anu saé, dampak bencana tina gempa tiasa ngirangan. Ku kituna, karugian anu teu dipikabutuh tina bencana alam tiasa dihindari. Panginten urang tiasa ngamimitian nganggo rumus pikeun nganalisis kaayaan kuring ayeuna. Ayeuna kuring cicing di wewengkon anu jarakna kira-kira 25 kilométer ti puncak Gunung Merapi. Sabalikna, wewengkon kidul Yogyakarta deukeut jeung lempeng bumi, jadi wewengkon imah kuring berpotensi katarajang lini tektonik. Dina kontéks ieu, aya dua potensi bahaya atawa bencana anu bisa lumangsung, nyaéta gunung bitu jeung lini. Sarta ulah poho, salawasna solat. Salaku manusa, urang tetep kedah nyobian anu pangsaéna. Pikeun anjeun anu agami, enya, musibah mangrupikeun kersaning Gusti. Sanajan kitu, ngarendahkeun bencana alam dina pamanggih kuring mangrupakeun bentuk kareueus. Ku alatan éta, ulah gampang teuing. Doa tanpa usaha bakal sia-sia, kitu ogé sabalikna.
0
fear
4413
Jadi masarakat di jaman ayeuna kudu pinter jeung boga prinsp anu kuat sangkan teu babari di bobodo, komo lamun nepika di gebug kitu. Urang teh hiji hiji na manusa anu boga hak ka diri urang sorangan, sasaha oge ulah aya jeung ulah daek lamun narima kakerasan tina bentuk naon wae. Urang kudu bisa mertahankeun diri urang ngajaga harkat jeung martabat ulah daek jadi manusa anu lemah jeung ngan bisa tarima lamun di perlakukeun henteu alus dina kahirupan. rang di lahirkeun ka dunya sangkan bisa hirup bagja lain eur di nyeuyeri komo di gebugan kawas kitu. Percaya lamun urang geus boga kategasan jeung ngbere batesan batur pasti moal bisa sangeunah na ka urang.
4
angry
1106
Hal-hal anu ulah dilakukeun pas diudag ku sato. Pastina urang ulah nyerang sato lantaran bakal memicu respon agresif jeung ngabahayakeun nyawa urang. Urang oge ulah ngagorowok, lantaran ieu bisa memicu naluri sato jang nyerang. Tuluy urang ulah ngaganggu atawa ngahalangan anak-anak sato, anak-anak sato mindeng dilindungi ku indung maranehna, jadina mun urang ngaganggu atawa ngahalangan anak-anak sato bisa memicu respon agresif ti indungna. Ulah oge make pakean nu warnana caang, warna caang siga beureum, kayas, koneng, bisa dianggap ancaman ku sababaraha hewan, siga banteng atawa sapi. Ulah nyokot resiko nu teu perlu jang aya di deukeut hewan liar atawa hewan piaraan nu teu dipikawanoh.
0
fear
5928
Salah sahiji kajahatan nu sering terjadi di jalanan nyaeta begal. Kasus begal teh hamoir aya di unggal daerah, rek di kota atawa di kampung. Biasana sasaran begal teh jalmi nu kerkendara sorangan, komo ti peuting mah. Loba modus begal nu dilancarkeun ka para korbanna, rata-rata ngakukeun leasing. Nu paling ngeri mah nyaeta mun geus megat sacara paksa di tengah jalan dugi ka mepet kandaaan nana. Bahkan, ayeuna mah aya modus anyar nyaeta nanyakeun alamat kanu leumpang. Jadi, lain wae nu berkendara, tapi nu leumpang oge jadi potensi korban begal. Komo deui mun begalna geus nodongkeun sanjata tajam mah, mantak teu bisa berkutik sabab sieun kaleungitan nyawa atawa cilaka ku sanjatana.
0
fear
2153
Prosés maot salawasna pinuh ku misteri. Naon anu dirasakeun ku jalma, naon anu diomongkeunana, naon anu aranjeunna laksanakeun nalika maot? Ieu mangrupikeun hal anu seueur anu hoyong terang. Survei teras dilakukeun ngeunaan naon anu dilakukeun ku jalma-jalma sareng nyarioskeun maot ka anu dipikacinta. Hasilna héran, 29 persén nyarios yén jalma-jalma caket maot sering nyarioskeun sabaraha aranjeunna ngaharepkeun jalma anu tinggaleun tiasa hirup bagja. Sareng 17 persén sanésna nyarios yén aranjeunna hoyong jalma anu tinggaleun henteu hirup ku perasaan kaduhung. maot mangrupakeun hal nu geus jadi takdir ti nu hirup di dunia, loba yen nu sedih kabina-bina tapi pernah heunteu mikirkeun naon nu dipikahayang ku anjuena nu tos maot ?
2
sad
672
Geuningan nu hayang hamil bener-bener tapi can dibere rezekina, giliran nu teu sangaja aya nu kajadian. Ieu kajadian di sakolaan tatangga, tapi caritana geus ka sebar. Nya kitu tea awalna mah bobogohan tapi kabablasan. Awalna mah teu ngarasa keur kakandungan, tapi pas aya kana 4 bulanan mulai karasa jeung katinggalina. Katinggalina beuteung ngagendutan, awalna mah babaturanna mikir emang ngagendutan, teu curiga keur kakandungan. Tapi di sakolaan manehna mindeng ka kamar cai, tuluy sok utah-utahan bari lila di kamar cai teh. Di selidiki ku guru-guru, pada-pada reuwas da manehna teh geuningan keur kakandungan. Atuh harita keneh eta mah dikaluarkeun ti sakola, jabaning rek Ujian Kelulusan da geus semester akhir.
5
surprise
2486
Kinten-kinten tabuh 3 sonten abdi mesen mie ayam di warung mie ayam anu lumayan terkenal di kota Bogor. Kalolobaan mawa inuman a, Kuring mesem ka goréng, dibarengan ku kode ieu tempat dieu sarta fokus kana handphone kuring deui. Teras nganteurkeun Tuangeun abdi, cik, kuring ningali anjeunna ngadadak diuk di Gigireun Kuring. Kabeneran kuring keur diuk sameja jeung babaturan kuring di sakola nu can kungsi panggih, kuring ngahaja teu nyapa sabab manehna masih kenal jeung kuring nu deukeut jeung kuring. ternyata manehna geus teu kenal deui sanggeus status sosialna robah drastis, naha bener-bener teu kenal atawa pura-pura teu kenal, leuwih hade kuring mikir positif.
5
surprise
2872
Tarik napas jero, gempur. Tenang. coba tetep diri sibuk, pikir positif, ngadengekeun lagu anjeun resep saméméh sare, loba ngadoa, maca carita senang, ngalakukeun yoga. Upami anjeun masih teu tiasa menta tulung ka psikolog. teras pasrah, sabab ngan hiji-hijina anu terang ngeunaan maot nyaéta Allah. Entong nyerah sareng henteu ngalakukeun nanaon, ngan cicing di bumi, henteu ngalakukeunana. Ningkatkeun diri anjeun pikeun janten jalma anu hadé pikeun diri anjeun sareng jalma-jalma di sabudeureun anjeun. Perbanyak amal soleh. Nambahan elmu agama, elmu tauhid oge, boga pamikiran yen satiap jiwa pasti maot/mati, jeung buka pikiran sok ngahampura kasalahan batur, boh nu teu dihaja boh nu dihaja. Ngahampura kasalahan batur kabuktian ngagedekeun urang jadi jalma nu jembar pikiran jeung salawasna mikir positif/hadé.
0
fear
2065
Dina awal mecenghulna média sosial.. Kuring ngarasa bagja jeung reueus. Jaman kuring sering miluan kontes di Twitter, sabenerna loba pisan programna, mimitina mah aya media sosial jeung model promosi teh memang giveaway, tapi leuwih tepatna, give aways mindeng. dilaksanakeun dina Facebook jeung Twitter kaliwat. Komo deui enya hilap hehehe. Jigana aya sababaraha tiket deui, naha éta konsér atawa hal, tapi tungtungna aranjeunna sok dijual sabab kuring teu bisa datang dina Dinten eta. Nu pasti mah jelas saméméh éta yén kuring meunang lolobana kuis ti Twitter. . Deui dina poé mimiti, Twitter ieu booming, loba rekening resmi merek nu geus dipikawanoh dijieun give away. Tiket Ncinema pikeun pilem panganyarna. Abdi masih émut nalika kuring ningali pilem Green Hornet. Nonton enjing-enjing di mall Grage jam 10.
3
happy
2571
Sanajan ngarasa keuheul mun budakna digebugan ku babaturanana, kolotna tetep kudu tenang, sababaraha kolot bisa nyarankeun sangkan budakna balik deui. Sanajan kitu, aya ogé kolot anu menta budakna tetep jempé.1. Dengekeun Naon Anu Diomongkeun Barudak. Sakumaha anu ditepikeun ku Ikhsan Bella Persada, M.Psi., Psikolog, Mamah jeung Papah bisa ngadeukeutan heula ka budakna sabada humandeuar ditarajang ku babaturanana. Tanya anjeunna naon anu lumangsung sarta kumaha parasaan anjeunna. “Pikeun murangkalih disahkeun heula tina naon anu dirasa, naha sedih, ambek, atanapi sieun,” saur Ikhsan. Lamun anak anjeun ngabejaan Anjeun naon anu lumangsung, dengekeun jeung polah kabuka, sanajan carita sedih. Ngarojong anak sacara nétral, ulah nyalahkeun manéhna atawa babaturanana. Nu katingali, lamun kolotna ngaréaksikeun kuat teuing kana carita barudak, budak leutik maranéhanana bisa eureun ngabejaan carita sieun upsetting Mama-Papa. 2. Ngajarkeun Barudak Ulah Males Sanaos aya kahayang pikeun ngalakukeun tindakan sorangan sareng ngabales perlakuan murangkalih anu neunggeul budak leutik anjeun, ulah ngalakukeun ieu. Mamah-Papa kudu méré conto pikeun barudak ngeunaan cara nungkulan masalah. moal ngeureunkeun tindakan kekerasan séjén dina mangsa nu bakal datang.
4
angry
7860
Poe ieu abdi sapertos biasana diajakan ku rerencangan kanggo emam ramen di salah sahiji tempat anu kasohor pisan ku dahareun Jepang. Abdi sabenerna tara dahar di dieu da pangaosna awis pisan, hiji porsi leutikna oge tiasa nepikeun lima puluh rebu rupiah. Untungna abdi ditraktir ku rerencangan. Pas nepi ka ditu, urang langsung mesen tulyt ngantosan, pas ramenna datang abdi langsung moto jeung midiokeun heula, tadina mah rek dikirimkeun ka status. Tapi pas abdi ningal deui pidiona abdi karek nyadar yen dina emihna teh aya nu uutekan siga bilatung. Abdi langsung ngarasa rujit tuluy indit ti tempat eta saatos mayar. Pokona mah moal baik deuibla ditu.
1
disgusted
5297
Asa sedih pisan mun ningali kahirupan katukang teh. Umur leutik keneh geus ditinggalkeun ku kolot ka luar nagari sabab kadorong ku kabutuhan ekonomi. Teu ayana sosok indung jadi ngaruh pisan kana emosi jeung kabiasaan. Euweuh indung mah kondisi imah teh teu manggih rapih, sarapih-rapihna ge beda jeung meunang indung. Barang-barang sakola ge teu kaperhatikeun, jiga buku jeung patlot teh saayana jeung sabeakna wae. Tuluy oge suasana imah teh jadi teu hirup, asa aya nu leungit. Kasadiaan sangu jeung deungeuna terbatas, jadi serba meuli da euweuh nu masak. Komo dapur mah kaayaan na jiga nu tara dipake pisan we. Sedih mun nilik kadinya teh, tapi da kumaha deui. Dorongan ekomoni nu sulit leuwih bisa ngendalikeun sagalana.
2
sad
2884
Anjeun pasti geus maca atawa lalajo pilem nu ngabejaan ngeunaan kakuatan gaib bangsa baheula. Ieu nunjukkeun yén dunya hantu geus aya pikeun lila. Kanyataanna, fisikawan kawas Albert Einstein pernah masihan katerangan ngaliwatan hukum termodinamika na. Sakumaha urang terang, hantu sering digambarkeun salaku roh panasaran. Ieu kurang leuwih prosés ku hantu muncul: Hiji manusa maot, teras ... sumanget na aub dina dunya manusa sarta henteu maot teuing. Tungtungna, kusabab teu aya anu kedah dilakukeun, anjeunna nyingsieunan manusa. Masalahna, timana asalna sumanget ieu? Lamun ngarujuk kana hukum mimiti termodinamika, bakal énergi awak mayit urang pindah sarta jadi hantu? Joe Nickell, hiji-hijina jalma anu digawé pinuh waktu salaku investigator paranormal dumasar-sains, dina wawancara jeung Vox, ngungkabkeun yén nepi ka ayeuna can aya hantu anu ayana geus dibuktikeun ku elmu. Numutkeun anjeunna, salah sahiji hal anu sesah nyaéta seueur definisi anu béda pikeun Iblis ieu.
0
fear
7000
Abdi masih keneh leutik pas mamah jeung bapa papisah. Tapi abdi tos ngarti yen mamah jeung bapa teh cere. Abdi oge ngarasa kirang caket jeung mamah jeung bapa, duduana unggal poe digawe, tara aya di imah. Abdi mineng pisan mondok di imah tatangga lantaran teu aya sasaha di imah. Untung we abdi dititipkeun di imah guru ngaji abdi, janten abdi masih keneh tiasa ngarasakeun diajar jeung diperhatikeun ku guru ngaji. Pas mamah jeung bapa cere, guru ngaji abdi ngajelaskeun lalaunan ngeunaan kondisi kolot kuring, abdi oge bakal dititipkeun di imah nini jeung uwa. Abdi sedih sanajan tu pati dekeut jeung mamah bapa.
2
sad
6971
Di sakola aya hiji rerencangan abdi anu mawa roko ka sakola, padahal aturan di sakola teh teu meunang ngaroko, komo mawa roko ka sakola. Rerencangan abdi nu mawa roko eta untungna teu dihukum, ngan dipasihan peringatan hungkul ku sakola. Isukna aya oge rerencangan anu mawa deui roko, padahal kamari tos diingetan jeung dibejaan ku guru jeung untung teu dihukum, ngan diingetan hungkul. Tapi rerencangan abdi eta kalahkah ngalanggar aturan deui. Gara-gara ulah manehna, kabeh siswa dikelas diseseulan ku guru. Sajam leuwih urang sadayana ditahan di kelas sabari dipapatahan. Anjeunna kuciwa ka siswa anu tos dipasihan kasempetan kalahkan ngulang deui kasalahan anu sarua.
2
sad
5205
Kamari Tika nembe lahiran anak pertamana. Kontraksina tos karaos kana sadintenan samemeh lahiran. Pas dicandak ka rumah sakit, dokter mutuskeun yen Tika teu tiasa lahiran normal sabab air ketuban na tos pecah tipayun. Tika rada sedih sabab kudu dioperasi, reuwas jeung sieun bisi aya nanaon ka anakna. Alhamdulillah operasi Tika lancar, anakna ge salamet tur lengkap. Anakna teh istri, angsung diadzanan ku bapakna barang lahir teh. Tika jeung suamina meuni bungah pisan sabab tiasa gaduh katurunan nu lucu pisan, jeung prosesna ge lancar. Suami Tika langsung ngais-ngais eta orok teh saking ku bungahna. Tika oge saberes ngajalani operasi, tuluy teu leupas ngalahu eta anakna.
3
happy
7568
Nagreg tos kasohor janten tempat langganan kacilakaan, teu heran lantaran jalu Nagreg teh janten hiji-hijina jalur anu ngahubungkeun ka sababaraha kota sapertos Garut, Tasik, jeung Ciamis. Unggal poena pasti seeur pisan treuk jeung mobil gede anu ngaliwat ka jalur Nagreg. Kahiji kalina abdi ngaliwat jalu Nagreg, abdi rada sieun lantaran tos ngadangu aya seeur kacilakaan anu kajadian di dieu. Abdi teu ereun ngadua sapanjang jalan supados salamet nepi ka tujuan kuring, nyaeta Tasik. Epekteh bener we, pas nuju ngaliwat, aya hiji treuk tiguling lantaran longsor di jalur Nagreg. Seeur bapa-bapa anu nulungan sopir treuk jeung kenekna. Abdi langsung reuwas pas ningal sopirna aya di jero keneh.
0
fear
2133
indung sering ngalaman setrés sareng kasusah dina ngatur émosi salami pandémik. Naon deui, budak jaman ayeuna mah sok di imah sapopoe sapopoe, jadi teu kungsi aya me-time keur kolot. Ieu nyababkeun seueur masalah anu timbul antara indung sareng anak, nyababkeun panyimpangan antara dua. Dumasar survey anu dilakukeun dina taun 2020, tingkat setrés pikeun ibu sareng murangkalih ningkat ku 95% nalika pandémik. Ngajaga sambungan teu ngan dilarapkeun ka jalma anu hirup jauh ti urang, tapi jeung barudak ogé perlu ngajaga sambungan. Sanajan ngan di imah, kadang urang sibuk ku sorangan jeung karya urang. Ku kituna, urang bisa ngajaga hubungan urang jeung barudak ku cara basajan sanajan anak masih orok, éta bakal merangsang indung jeung anak jadi leuwih bahagea.
3
happy
7318
Lamun ngantosan mayar di minimarket, abdi biasana nangtung ditukangeun batur tapi jarakna teu pati dekeut lantaran bisi ngaganggu batur, tapi hal ieu teh kalahkah dimangpaatkeun ku batur kanggo miheulaan kuring lamun nuju ngantre. Abdi nuju cicing ditukangeun budak leutik anu nuju mayar. Pas giliran abdi mayar, aya nu nyamperkeun kuring sabari miheulaan. Abdi teu tarima dipiheulaan ku manehna, sanajan manehna leuwih kolot abdi langsung buru-buru nyimpen barang-barang anu dipeser di meja kasir sabari ngomong ka manehna ulah miheulaan batur lamun hoyong dihargaan, lamun manehna keur buru-buru oge manehna tiasa nyarios nu bener, teu kedah langsung miheulaan api-api teu apal aya jalmi di tukangeunna.
4
angry
3015
Tah sababaraha taun ka pengker abdi di kampung terpencil di Kalimantan. Dina raraga ngajaga ngaran alus suku jeung wewengkon lokal, intina nyaéta nulis handap kalimah dina bagian pangleutikna. Sareng hapunten upami tulisan abdi nyinggung ka rerencangan anu asli Kalimantan. Ku kituna di éta tempat urang diajak ngalaksanakeun pengabdian masarakat, nyadiakeun palayanan kaséhatan, rejuvenasi tempat ibadah dina hakekatna, urang babarengan ngawangun kampung. Ku kituna eta ngan jadi kajadian nu dimana kuring cicing téh puseur sagala kagiatan. Jadi teu kudu repot mudik ka base camp - workplace - Basecamp. Tepi ka peuting kamari urang ngumpul di hiji gedong ngayakeun konseling kaséhatan jeung pemberdayaan wanoja (sanes dijadikeun budak tapi dilatih sangkan kaparigelan nambahan, ngan teu apal kana kalimah anu bener, hampura). Sanggeus réngsé, urang giliran dijemput. Muhun, abdi grup panungtungan sarta ngarasa sial nalika nu ngajemput kuring dina motor, didinya kuring sieun ku kaayaan hutan jeung alam na nu paroek.
0
fear
3324
Aya nu sok nyokot makanan kotor. Tapi, hanjakal 5 detik, sumawona 5 menit, kadaharan anu geus ragrag bisa napel ku kuman panyakit. Malah masih loba jalma anu percaya yén kadaharan anu ragrag dina waktu kurang ti 5 detik masih aman dikonsumsi. Sanajan kitu, éta kasalahan badag! Numutkeun tim peneliti ti Universitas Rutgers, Amérika Serikat (AS), kadaharan tetep tiasa kacemar ku kuman sanajan ngan ukur ragrag dina 1 detik. Para panalungtik manggihan yén kalembaban, jenis beungeut, sarta lilana waktu dahareun éta dina beungeut cai (taneuh atawa lanté) nyumbang ka ongkos kontaminasi. Pamustunganana, ieu tiasa mangaruhan kumaha kamungkinan jalma katépaan ku panyakit bawaan pangan.
1
disgusted
2458
Sanes kuring tapi babaturan awewe kuring dihukum maag akut sareng dirawat di rumah sakit ampir 4 bulan di rumah sakit, ku kituna dina waktos éta anjeunna dibéré obat maag jsb pikeun panyakitna anu ceuk dokter ngagaduhan maag akut. 3 sasih di puskesmas rerencangan waktos harita parah pisan, teras dirujuk ka RS saiful anwar malang kanggo perawatan salajengna, didinya dipariksa, ternyata kanker ovarium tahap naon, enya, poho jeung teu. ngartos nanaon ngeunaan kanker, sobat kuring maot di rumah sakit éta sanggeus sababaraha poé dirawat, abdi teu terang persis sabaraha lila dinten sabab kuring lain kulawargana. Kuring terang ieu kusabab kolot kuring sorangan nyarios ka kuring nalika kuring sareng réréncangan SMA di bumi pamakaman
5
surprise
315
Nepikeun ka bulan Oktober 2022, total maot Covid-19 sabab ku virus corona di Indonesia saloba 158,24 rebu jelema. Ku jumlah eta, Worldometer nempatkeun angka maot Covid-19 di Indonesia di urutan kadua paling luhur di Asia. Urutan ieu masih bertahan di posisi nu sarua dina saminggu terakhir. Ngeunaan statistik global, total maot Covid-19 di Asia nyaeta 22,6 persen ti total kasus di kabeh nagara. Samentara eta di urutan nu paling luhur di Asia saloba 528,84 rebu jelema. Iran aya di urutan kalitu. Negara ieu nyatetkeun total maot Covid-19 saloba 144,5 rebu jelema. Posisi nu kaopat nyaeta Turki dina angka maot Covid-19 saloba 101,2 rebu jelema.
2
sad
6252
Basa bade lebaran, abdi mudik ka lembur jeung pun raka. Abdi mudikna make bus Doa Ibu, nu inditna beurang. Ti barang naek nepi ka turun abdi teu meunang tempat diuk pisan. Abdi jeung pun raka nangtung ti awal nepi ka turun. Keur mah pinuh loba nu nangtung, bus na teh AC deuih, jadi pengep pisan. Keur pasedek-sedek diuk teh jalanna luak leok, aya nu mawa orok ceurik wae. Keur mah pasedek-sedek, bau rokok, gandeng ku budak nu ceurik, eh loba nu utah ongkek-ongkekan di jero. Parah na mah aya budak nu utah teu make keresek, jadi bauna ka mana-mana. Sabus teh bau utah hungkul. Abdi meuni kesel pisan harita geus hayang turun.
1
disgusted
4707
Loba jelema teu ngan budak leutk tapi oge jelema anu geus dewasa sieun keneh di suntik, ciri kasieunnan na rupa rupa aya anu deg deg an pisan nepi ka nyeri beuteung tapi aya sababaraha cara anu bisa di lakukeun sangkan ngaleutikeun rasa sieun lamun erek di suntik saperti urang bisa ngalihkeun foku na sangkan teu karasa jeung teu kudu ningalkeun suntikan nana, samemeh di suntik oge urang bisa narik napas heula jero jero bari peremkeun mata sangkan teu ningali jeung bisa tenang keur di suntikna. Sabab tenang keur di suntik teh oge penting soalna kaitan na oge jeung tensi getih.
0
fear
5313
Mun ngarantau, biasana sok resep pisan ulin kaditu kadieu jang nambah pangalaman. Tah ieu teh hal alus supaya relasi jeung pengetahuan urang oge nambahan, teu stagnan ngan sakitu. Meungpeung hirup sorangan, jadi kaputusan ge ku sorangan, tah mangpaatkeun sing hade. Ulah nepi ka jauh ngaranta tapi teu meunang elmu atawa relasi-relasi acan. Mubadzir kesanna ai kitu mah. Kudu lobakeun pangalaman sabab enting pisan jang kahirupan kahareupna. Mun kamana-mana teh mending we babari ai aya kawawuhan mah. Mun rek ngiluan nanaon ge babari ai boga elmu jeung kamampuan na mah. Ku kituna, yuk ah ti ayeuna luangkeun waktu sorangan jang neang elmu jeung relasi saloba-lobana, tong kuuleun teuing!
2
sad
6869
SMP janten masa anu paling pikagumbiraeun lantaran abdi tiasa gaduh rerencangan anu balageur pisan, sok carita, seuseurian bareng, balik sakola bareng, jeung meuli seblak bareng pas balik sakola, naek angkot oge bareng. Lamun dinten Sabtu oge arurang resep kempel di dekeut sakola kanggo ngerjakeun tugas sasarengan, siangna pasti emam seblak wae, teu bosen-bosen eta kana sablak. Aya hiji rerencangan anu paling dekeut jeung abdi, kamamana sasarengan. Nepi ka SMA oge urang masih keneh sasarengan, sanajan beda kelas jeung beda jurusan, tapi urang tetep gaduh kagiatan sareng di pecinta alam, janten unggal poe pasti papanggih. Lamun teu aya sobat abdi nu hiji ieu jigana masa SMP jeung SMA moal rame.
3
happy
8450
Tatakrama teh penting jeung kudu diutamakeun di Indonesia. Salah sahiji tatakrama anu kudu diturut ku sakumna jalma nyaeta ulah nyiduh kamana-mana. Nyiduh di mana wae dilarang, komo nyiduh di hareupeun atawa ka jalma sejen. Eta pisan henteu sopan, pikageleuhen sareng nunjukkeun rasa teu hormat. Jalma anu diciduhan bakal ngarasa hina, geuleuh, sarta kareueusna bakal ditincak. Jalma anu diciduhan bisa ambek jeung ambek ka jalma anu nyiduh ka manehna sabab satemenna eta hiji hal anu kacida teu sopan tur ngarendahkeun kahormatan hiji jalma. Salian ti eta, jalma anu diciduh oge bakal mikirkeun sagala cara pikeun ngabales kalakuan amoral jeung geuleuh ieu.
1
disgusted
5576
Adi ngarasa reuwas pisan sabab teu pugah puguh dibere hadiah ku lanceukna. Pas dibuka, hadiahna nyaeta sapatu running nu salila ieu diidakeun ku Adi. Adi ngarasa atoh pisan. Sapatu running na warna hideung, di handapna aya plat warna bodas. Ukuran sapatuna nomor 38, pas jeung ukuran sampean Adi nu nomor 38 oge. Sapatuna teh teu aya talian, sabab di lengan sampeanna dijieun tina karet nu moal melar. Sapatuna teh boga sistem pangaturan udara nu canggih. Pas ditingali, merkna teh adidas. Pantesan we meuni kinclong. Geus kitu tuluy dicobaan ku Adi. Sapatuna teh ringan pisan, cocok pisan jang lari jarak jauh. Adi niat make sapatu ieu dina event marathon nu diayakeun bulan hareup.
5
surprise
1006
Di sakolaan keur ngayakeun open house, biasana mun open house sok diayakeun lomba-lomba antar kelas. Aya lomba olahraga, lomba cerdas cermat, jeung sajabana. Biasana mah nu rame mah lomba olahraga nyaeta lomba sepak bola. Sabab di kelas urang lalakina ngan pas-pasan jumlahna, jadi nu tara biasa maen bola oge kudu miluan. Pas asup lapangan sieun pisan lantaran ditinggali ku loba jelema, tiap penonton ngulilingan lapangan sabari nangtung. Urang sieun teu bener maenna, atawa dibere komentar butut ku batur. Matak di babak kahiji maenna teh kaku da teu biasa ditongton tea jadina geumpeur. Ditambah deui loba pendukung di tim lawan anu ngajadikeun urang beuki sieun.
0
fear
8989
Hiji mangsa kuring jeung babaturan sakola ulin ka walungan nu aya di sisi pilemburan. Lamun ulin ka walungan teh sok bari mawa sair leutik keur newak impun jeung hurang. Kacaritakeun kuring jeung babaturan geus tepi ka sisi walungan. Kasampak babaturan nu sejen oge geus araya. Malah sawareh aya nu geus aranclub ka walungan nu caina keur rada saat. Atuh kuring sabatur-batur nu karek daratang ge langsung milu ancrub bari mawa sair masing-masing. Keur jongjon neangan impun jeung hurang nu sok nyarocok di handapeun batu-batu nu rada gede, ujug-ujug aya nu ngagorowok "Oray! Awas aya oray!" Teu tata pasini deui, kuring jeung babaturan nu sejen haranjat tina cai awahing ku sieun. Singhoreng simana horeng bener we teu pati lila aya oray ngaleor ngaliwatan sisi walungan nu tadi diparake hanjat. Kabeh hookeun ningali oray nu lumayan gede teh. Saurang ge euweuh nu wani ganggu ka eta oray, maklum nu arulin teh kabeh ge barudak keneh, euweuh kolotan. Atuh sabada sadar kana pibahayeun mah gura giru kabeh lalumpatan rek mulang ka lembur da sieun dipacok ku oray.
0
fear
1363
Keur ulin ka imah babaturan, awalna mah aman-aman wae. Tapi pas naek ka lantai dua, urang ngarasa sebel lantaran kacium bau amis di lantai dua teh. Urang teu tahan, nepikeun beuteung jadi seubeul, tungtungna mah ongkek-ongkekan. Urang turun deui ka lantai hiji, da di lantai dua mah teu kuat ku bau amisna. Kajadian eta oge sarua kaalaman ku babaturan urang nu hijina deui, manehna oge sarua nyium bau amis nu nyegak pisan, jadina turun oge ka lantai 1. Bauna teh nyegak, di lantai dua sigana teh geus kasebar atawa di tiap ruangan geus kacium bau amisna. Uyuhan nu cicing di imah eta kuateun.
1
disgusted
709
Emang konsep SPBU teh terbuka, ngan saukur tempat pengisianna nu ka iuhan lantaran diluhurna aya bangunan. Biasana nu embung kapanasan teh sok nyorobot sangkan tereh jeung ka iuhan. Harita mah nu nyorobot teh barudak sakola, da cenah mah panas teu kuat jeung embung ngantri panjang. Ku urang di tegor, "Neng pami alim kapanasan atawa ngantri mah mending kadieuna wengi sakalian jam 12 peuting". Si Neng eta malik ngajawab "Bae atuh a da abdi mah sakeudeung meulina oge sapuluh rebueun". Urang nembal deui bari rada tarik sorana, "Ari Neng teu diajarkeun di sakola budaya antri!? Sakola di mana sih? Meuni ngerakeun pisan siga nu teu boga pendidikan".
4
angry
5582
Zaman ayeuna mah loba pisan penipuan nu berkedok undian online. Hadiah nu ditawarkeun na teh nu menarik hungkul, jiga mobil, motor, hape, jeung sajabana nu mantak kagiur. Biasana undian na dilaksanakeun secara online dina website tertentu. Tuluy mun aya nu ngahubungi na oge eta pihak personal, lain ti perusahaan resmi. Biasana oge sok menta duit tebusan hadiah, atawa nawarkeun opsi lain jiga cash on delivery nu ujung-ujungna mah ngarugikeun. Mantak, urang kudu bijak dina ngajalankeun sosial media, ulah babari nyebar data, komo nepi ka kagiur ku undian bodong mah. Kudu apal mana nu penipuan jeung nu lain. Tong babari percaya oge mun ditelpon meunang hadiah teu puguh-puguh, sabab leuwih parahna ayeuna mah bisa hipnotis lewat telepon. Yuk leuwih hati-hati deui!
5
surprise
5609
Biasana jalma neangan harta karun teh di leuweung atawa dipantai. Nu diteangan na oge mangrupa benda peninggalan zaman baheula pisan. Tah, ayeuna mah loba nu neangan harta karun teh di wahangan atawa curug, sabab sok loba barang wisatawan anu kabawa palid atawa titeuleum. Model mun di curug, sok aya barang jiga hape, kacamata, dompet, bahkan duit nu titeuleum. Dina wahangan mah sok aya nu mangrupa hape rata-ratana. Biasana barang-barang eta teh palid atawa titeuleum keur ngojay di cai. Mun manggihan hape mah sok dibenerkeun tuluy diberekeun deui ka nu gaduhna sabab kalacak tina hapena. Mun barang salian hape mah biasana sok dipake we kunu manggihna.
5
surprise
9188
Waktu éta kuring balik ti warung, meuli sayuran jeung kadaharan lianna. Kuring nyimpen kantong plastikna di dapur. Sanggeus éta kuring beberesih runtah nu aya di dapur sarta ninggalkeun eta bari indit ka kamar mandi. Réngsé ti kamar mandi, kuring indit ka dapur nyokot runtah anu geus diberesihkeun sarta dibawa kaluar pikeun dialungkeun kana tong sampah di luar komplek. Terus kuring balik deui ka imah, niat rék masak. Pas néangan kantong plastik balanjan teh teu kapanggih. Tétéla kuring salah miceun, kalah kantong plastik balanja kuring nu dipiceun, sabab kantong runtahna aya keneh di dapur, kuring salah nyokot eta tadi. Tungtungna kuring balik deui kana tong sampah jang milarian kantong balanja kuring. Nyaan kuring jijik sabenerna, sabab kuring kudu asup kana tong sampah pikeun milarian kantong balanja kuring, untung kuring mendakan éta aya keneh. Ku kuring langsung dibawa ka imah jeung diberesihan ameh teu bau runtah.
1
disgusted
7519
Pangandaran mangrupakeun tempat anu mineng didatangan ku kulawargi lamun nuju usum pere sakola. Pangandaran janten pilihan lantaran tempatna mirah jeung seeur aktivitas anu tiasa urang lakukeun didinya. Pangaos hotel di Pangandaran oge teu pati awis, matak teu heran lamun seeur jalmi anu ngadatangan Pangandaran salaku tempat wisata. basa abdi sareng rerencangan nuju ulin di Pangandaran, abdi nyobian naek banana boat, kaulinan ieu bakal ngabawa urang ka tengah laut teras digejeburkeun ka tengah laut dina kaayaan urang nganggo palampung. Abdi sareng rerencangan langsung nyobian kaulinan ieu sakali, pas urang digejeburkeun ka laut palampung anu dianggo ku rerencangan abdi jol leupas, abdi reuwas lantaran manehna kalelep. Untungna manehna masih tiasa ngojay sabari nyepengan ka rerencangan abdi nu sanes.
0
fear
9579
Kasedih anu disababkeun ku hirup nyalira tiasa janten perasaan anu kuat sareng jero anu dirasakeun ku jalma tur tiasa mangaruhan jalma sacara fisik sareng mental. Jalma nu ngarasa sedih hirup nyorangan bisa jadi ku lantaran ngarasa sepi, terasing, jeung ngarasa teu boga tempat pikeun babagi pikiran jeung parasaan manehna. Bisa jadi jalma anu hirup nyorangan ngarasa yen manehna teu boga saha-saha nu bakal ngadangukeun manehna atanapi paduli naon anu keur dijalanan atawa dirasakeun. Rasa sedih ieu oge bisa dibarengan ku parasaan sia-sia atawa teu boga sumanget pikeun ngajalanan hirup. Nanging, urang kedah emut yen perasaan sedih anu disababkeun ku hirup nyalira mangrupikeun normal sareng seueur jalma anu ngalaman ieu. Aya rupa-rupa cara pikeun nungkulan kasedihan anu disababkeun ku hirup nyalira, kayaning neangan rojongan ti babaturan atawa kulawarga, ulubiung dina kagiatan anu ngalibatkeun seueur jalma, atawa malah neangan pitulung profesional lamun diperlukeun.
2
sad
8980
Enosimania, nyaeta kaayaan hiji jalma anu sieun dikritik ku batur. Enosimania ngamotivasi ku pamikiran yen batur nyieun kasalahan nu ageung. Nurutkeun dr. Ashwin Kandouw, Sp.KJ, Psikiater RS Pondok Indah Pondok Indah jeung Bintaro Jaya, enosimania mangrupa kaayaan di mana hiji jalma boga pikiran pengkuh yén manéhna ngalakukeun kasalahan gedé, ku kituna ogé mindeng ngarasa sieun dikritik ku jalma séjén. Nurutkeun dr. Ashwin, ciri jalma anu kaserang enosimania sami sareng tanda-tanda sareng gejala kahariwang sacara umum, sapertos kahariwang kaleuleuwihan, palpitasi, sesak napas, késang seueur, otot tegang sareng kaku, sareng nyeri sirah tiasa muncul. Balukar anu bisa timbul alatan kahariwang ieu nyaéta gangguan saré, loba keluhan fisik, hésé fokus, jeung horéam sosialisasi jeung lingkungan sabudeureun.
0
fear
2183
Taun 2017 abdi dicalonkeun salah sahiji mahasiswa anu teu katarima ku SNMPTN. Waktu éta kuring ngan ngarasa normal sabab dina pamanggih kuring SNMPTN ngan hiji bonus nu teu sadaya jelema meunang. Waktu kuring kelas 12, kuring asup ka kelas les di Jakarta. Mimitina rame pisan, tapi pas pengumuman SNMPTN, loba anu katarima langsung ngarasa sepi dina les. Waktos eta kekecapan nu nyecep kana sungut abdi, “Muhun, sanes anjeunna tos katarima di PTN, abdi? Teu kunanaon." SBMPTN datang, kuring milih Kaséhatan Umum jeung Téknologi Pangan di salah sahiji paguron luhur di Indonésia, teu kudu disebutkeun yén anjeun kudu nyaho. Bewara sumping, kuring langsung ngecek website SBMPTN sareng ngalengkepan datana. Hasilna? TEU SUKSES JEUNG JAGA SEMANGAT! Pengumuman SMMPTN Jabar, upami teu lepat, tabuh 14.00, tapi hilap pisan, hapunten abdi teu minat. Karek inget waktu muka galeri aya poto brosur SMMPTN Jabar jeung waktu pengumuman SMMPTN Jabar. nu nyiptakeun hasil yen ti angka 500 orang nu daftar han 50 orang nu tiasa asup ka Universitas Tirtayasa, nu mereunan artina ti strategi milihan abdi kudu bener jeung rangkaian les.
2
sad
5914
Poe ieu abdi bade tampil ngadongeng dina panggung. Abdi sieun pisan dongeng nu ku abdi sampaikeun teh teu narik perhatian penonton. Sieun bisi poho alur carita, sieun bisi teu diperhatikeun, oge sieun bisi ngalaukeun kasalahan. Abdi meuni deg-degan pisan poe ayeuna teh. Samemeh naek panggung teh awak meuni asa tariis, leungeun ngageter, sieun bisi ngalakukeun kasalahan dina panggung. Pas ngaan abdi dipanggil, abdi naek ka panggung bari babacaan, sing dimudahkeun dina sagala hal. Untungna abdi tiasa nampilkeun dongeng sasuai jeung nu diapalkeun, teu aya kendala saeutik acan. Alhamdulillah sagalana berjalan lancar, sagala kacemasan jeung dema panggung teh bisa diatasi ku abdi. Abdi ngarasa bangga pisan ka diri sorangan sabab bisa naklukeun tantangan.
0
fear
8165
Phobia mangrupa sieun kaleuleuwihan hiji hal anu biasana teu bahaya. Sieun ieu tiasa timbul nalika nyanghareupan kaayaan anu tangtu, aya di hiji tempat, atanapi nalika ningali sato sareng objék anu tangtu Phobia kaasup kana kaayaan gangguan kahariwang. Jalma jeung phobias biasana bakal nyoba nyingkahan kaayaan jeung objek nu bisa memicu sieun, atawa nyoba nungkulan eta bari nahan sieun jeung kahariwang. Phobia bisa ngabalukarkeun gejala fisik jeung mental alatan sieun kaleuleuwihan nalika ningali atawa nyekel objek nu dipikahariwang. Gejala oge tiasa muncul nalika penderita aya dina kaayaan anu nyababkeun fobia. Pariksa ku dokter Anjeun upami anjeun gaduh phobia, utamana lamun phobia nu ngaganggu kalawan produktivitas jeung kagiatan sapopoe, naha di sakola, pagawean, atawa di setelan sosial.
0
fear
1028
Sabenerna mah penderita fobia sosial teh sadar mun rasa kasieun jeung hariwang nu dialaman ku manehanana teh kaleuleuwihi jeung teu wajar. Tapi lolobana mah teu apal kumaha cara nyageurkeunna. Tapi nu dialaman ku babaturan urang mah ayeuna manehna henteu deui fobia sosial, lantaran manehna rutin diubaran ku medis. Biasana dibere obat-obatan jang nyageurkeun fobia sosial tapi luyu jeung pituduh jeung pengawasan dokter, lantaran teu bisa digunakeun sambarangan. Nu ku manehna rasa mah pas geus diubaran ku medit teh, gejala fobia sosialna geus mulai ngurangan lantaran rutin nginum ubar. Tapi sakapeung mah mun teu nginum ubar sok muncul deui gejalana. Jadi ayeuna mah dikuranganna teu langsung eureun, tapi dikurangan saeutik-saeutik.
0
fear
6882
Abdi diajakan ku rerencangan pikeun lalajo hiji pelem anyar. Ceunah mah pelem ieu teh rame pisan, komo lalakon na oge artis-artis anu tos maen di pelem-pelem anu aralus. Abdi langsung nongton ka bioskop sareng rerencangan, manehna meserkeu tiket kanggo kuring oge lantaran aya diskon. Pas tos beres nongton, abdi resep pisan kana pelemna, ka carita dina pelemna, ka para lalakonna jeung sadayana. Teu lila ti dinya abdi ningal dina tipi yen pelem eta teh meunang penghargaan dina kategori lalakon pang sae na. Abdi miluan bungah lantaran abdi oge satuju yen manehna pantes meunang eta panghargaan lantaran ektingna dina pelem eta teh alus pisan.
3
happy
3421
Kumaha anjeun ngingetkeun babaturan anu bau awakna goréng tapi ku kecap anu teu menyakiti? Lengkah-lengkah enya..pigawe runtuyanana Béjakeun ka réréncangan anjeun yén anjeun nembé dibayar sareng nampi langkung seueur bonus Ngubaran anjeunna ka ciki atanapi bakso, sop, pangsit, jeung sajabana. Ajakna ngabaturan balanja di minimarket/toko. Candak 2 lembar sabun mandi. Bejakeun ka anjeunna, "Ieu kanggo anjeun hiji, pikeun kuring hiji". Candak 2 deodorant atanapi deo lotion. Bejakeun ka anjeunna, "Ieu kanggo anjeun hiji, pikeun kuring hiji". Candak 2 botol parfum. Béjakeun ka anjeunna ieu kanggo anjeun, hiji kanggo kuring." Candak 2 bungkus permen mint. Ucapkeun hal anu sarua ogé. Teras samemeh pisah ka imah masing-masing nyarios kieu ka anjeunna, "Ulah hilap dianggo, muhun, upami béak, bulan payun urang mésér deui, tapi giliran anjeun anu ngubaran."
6
shame
7341
Dina kondisi jalan anu pinuh ku kandaraan umum, aya hiji angkot anu ereun di mana wae nurunkeun jeung ngasupkeun panumpang ka mobil janten nyieun jalan macet. Kandaraan mobil jeung motor anu aya di tukangeunna janten kahalangan ku angkot eta. Komo aya panumpang anu mayar nganggo artos anu badag, jadi we si sopir teh kedah milarian angsulan heula, beuki lila, beuki jalan macet. Angkot eta oge sok ereun di mana wae, jol melok. Jadi we loba kandaraan anu ngalakson angkot eta lantaran keheul meni sangeunahna make jalan, jiga jalan teh boga manehna sorangan. Seeur oge jalmi anu ngagorowokeun angkot eta lantaran geus keheul pisan.
4
angry
6383
Biasana, niron waktu keur ujian teh sok dianggap hal nu dilarang pisan jeung hal nu goren jang dilakukeun. Tapi nya karena geus jadi kabiasaan, ayeuna mah niron ge sok loba pisan akal-akalan nana. Aya nu niron na make tulisan leutik nu disempilkeun dina lengeun atawa dina barang nu dibawa, aya nu nironna sok make alat canggih oge jiga basa UTBK. Jadi, alat canggihna teh mangrupa earphone anu dimodifikasi supaya tersambung jarak jauh jeung perangkat lainna lewat hape. Tah biasana model ieu mah sok aya mun keur seleksi masuk perguruan tinggi atawa seleksi CPNS. Biasana oge hal ieu sok teu luput tina sistem pengamanan pelaksana seleksina.
6
shame
2513
Di balik kasenangan ngabayangkeun gaduh dua orok sakaligus, naha anjeun terang yén kakandungan kembar rélatif langkung résiko tibatan kakandungan sareng fétus tunggal. Abdi tiasa preeclampsia Pre-eclampsia biasana dimimitian sanggeus 20 minggu gestation di awéwé anu tekanan getih normal. Ieu tiasa nyababkeun komplikasi anu serius, bahkan fatal, pikeun indung sareng orok. Nu Bisa jadi euweuh gejala, diabetes, perdarahan, ngalahirkeun prématur, orok kuring lahir leutik atanapi anu paling parah résiko kaguguran, kalahiran maot (kelahiran kénéh), atanapi cacad kalahiran. Teu nyebut résiko depresi postpartum. Beuki loba fétus anu dikandung, beuki luhur résiko. Tapi, kumaha atuh loba ibu hamil anu sehat sarta ngalahirkeun fétus maranéhanana dina istilah pinuh.
5
surprise
5594
Poe ieu teh mangrupakeun poe ulang taun abdi nu ka dua puluh. Biasana mun ulang taun teh sok dibere kue ulang taun ku lanceuk. Tapi poe ayeuna mah asa hare-hare wae, jigana mah teu ingeteun kana poe ulang taun abdi. Beres mandi sore teh abdi langsung ngerem we di kamar gogoleran bari ngoprek hape. Aya liwat satengah jam mah ngoprek hape, abdi reuwas sabab lanceuk jol we asup ka kamar bari mawa kue ulang taun. Alhamdulillah ning ingeteun keneh kana ulang taun abdi. Abdi ngarasa atoh pisan harita. Beres tiup lilin, abdi ka hareup jang motong kuena babarengan. Alhamdulillah seneng kacida sabab dibere hadiahna di hampir ujung poe.
5
surprise
6089
Cara ngatasi rem blong keur berkendara teh nyaeta bisa dilakukeun ku opat hal didieu. Nu kahiji nyaeta turunkeun ka gigi pangrendahna. Tujuanna supaya bisa ngahambat laju kendaraan. Nu kadua nyaeta pake rem tangan, tujuanna suoaya bisa ngahambat laju jeung ngeureunkeun kandaraan ku rem tangan. Nu katilu nyaeta tong maehan mesin, antep we titah hirup. Sabab mun mesin paeh mah bakal bahaya pisan jang diri sorangan oge jang batur. Nu kaopat nyaeta benturkeun ka benda nu aman ti batur. Mun geus teu bisa katahan mah mending benturkeun kana benda nu aya disekitar, tapi kudu jauh ti jalma supaya teu ngabahayakeun nyawa.
0
fear
367
Basa keur leutik keneh boga panyakit herpes, cara nyembuhkeunna bisa sacara alami. Salian ti pengobatan ka dokter, bisa oge ngagunakeun obat alami herpes jang ngaleungitkeun herpes. Nu kahiji sayuran anu warna berureum, sabab bisa ngaleungitkeun herpes atawa penyebaran virusna kana awak. Nu kadua bisa oge make minyak zaitun, carana bisa nyiapkeun 1 minyak zaitun, tuluy dipanaskeun dina microwave sakeudeung jeung tambahkeun sababaraha keclak minyak lavender jeung lilin. Tungguan nepikeun ka tiis tuluy tinggal dioleskeun ka kabeh awak atawa bagian awak nu kena infeksi virus herpes. Nu terakhir bisa ngagunakeun es batu, sabab mindeng karasa nyeri jeung arateul, jadi bisa dikompres bagian anu karasa nyerina ngagunakeun es batu.
2
sad
7274
Pas nuju kukumpul di imah nini, aya hiji dulur abdi anu karek balik ti luar negeri. Manehna mawa sababaraha oleh-oleh, tapi oleh-oleh na teu cekap lamun dibagikeun hiji-hiji ka sadayana. Tungtungna manehna nyieun undian. Anu bade daptar dititah nyerat nami dina kertas. Pas tos kakumpul kertasna teras dikocok kanggo nentukeun saha anu meunang salah sahiji hadiah eta. Abdi ngincer pisan hiji jaket anu sae pisan. Pas tos dikocok, manehna nyebutkeun ngaran kuring anu kahiji. Kuring reuwas sakaligus bungah lantaran tiasa milih tiheula hadiahna. Tanpa mikir deui abdi langsung nyandak eta jaket anu dipikahoyong. Abdi teras ngucapkeun nuhun ka dulur abdi.
5
surprise
3393
Numutkeun hasil survey Jakpat, 42,8% responden mindeng meuli baju anyar lamun aya acara atawa hajatan tangtu. Kaasup iraha datang momen lebaran. Momen lebaran idéntik jeung kagiatan meuli baju anyar pikeun urang Indonésia. Tradisi ieu geus lumangsung salila sababaraha taun di nagara éta. Hal éta ogé katémbong dina hasil survéy Jakpat anu dilaksanakeun dina tanggal 4 Maret 2022. Numutkeun hasil survéy, 42,8% responden mindeng meuli baju anyar nalika aya acara atawa hajatan tangtu, kaasup lebaran. Saloba 35,03% réspondén nyatakeun yén kagiatan meuli baju anyar dilaksanakeun sanggeus gajian atawa meunang bonus. Salaku tambahan, 32,8% responden ngagaleuh nalika ningali baju anu saé. Saloba 24% réspondén meuli baju anyar nalika bosen ku koleksi pakéan anu dipibanda. Samentara éta, 6,9% réspondén mésér baju énggal dina waktos sanés. Samentara éta, seuseueurna atanapi 65.7% réspondén mésér baju ngalangkungan pasar online atanapi e-commerce. Saloba 59,1% responden masih balanja di toko offline. alesanna loba nu hayang teu sarua baju lantaran lebaran.
6
shame
7565
Di lampu bereum, biasana lamun lampuna geus hejo, kandaraan teh paboro-boro kanggo ngaliwatan lampu hejo sateuacan janten bereum deui, ku lantaran eta seeur jalmi anu tungtungna ngararebut sangkan teu tinggaleun lampu hejo, seeur motor anu seseledek di gigireun treuk jeung beus, salah sahijina nyaeta motor anu aya dihareupeun kuring, motor eta seseledek bari ngebut pas lampuna bereum keneh, tungtungna mah pas lampu hejo, manehna katabrak treuk anu aya di gigireun manehna, untung we manehna teu kunanaon ngan labuh hungkul di caket trotoar. Abdi langsung sieun kana treuk. Pokona mah lamun di jalan aya treuk mending jalan di tukangeun rada jauh, ulah dekeut-dekeut kana treuk.
0
fear
2457
LED mah (tingkat sedimentasi getih) kacida abdi luhurna dina 2013. Gantina dahar, malah cai nginum ngarasa kawas ngelek pebbles. Nyeri pisan. Beurat kuring turun drastis sabab kuring hésé pisan tuang. Kuring geus ka sababaraha dokter, tur aya dokter anu ceuk kuring ngan boga masalah jeung otot (Kuring poho naon vonis éta, ngan inget bagian otot) sarta ngomong yén aya nanaon salempang ngeunaan. Tapi ku sabab kaayaan kuring teu pulih saenggeus nginum obat anu dipasihkeun ku dokter, indung kuring dibawa deui ka dokter anu parantos ngarawat nini sareng akina sateuacana. Pas dugi ka padumukan dokter, anjeunna langsung nyimpulkeun yén LED kuring luhur sareng naroskeun ka indung kuring pikeun nyandak tes getih.
5
surprise
5269
Nyeuri hate ku babaturan sabab teu dihargaan jadi salah sahiji hal nu mantak kecewa ka diri sorangan. Komo mun nepi ka direbut hakna kubabaturan. Harita abdi sok latihan arung jeram di Citaum, unggal poe. Abdi latihan kagge persiapan Porprov Jawa Barat. Abdi tekun latihan dugi ka aya peningkatan dina kamampuan. Abdi persiapkeun sadaya jang tanding sabaik mungkin. Tapi, pas hari H pertandingan, abdi teu turun tanding, kalah digentos ku babaturan abdi nu deukeut pisan. Anjeunna tara latihan, sedengkeun abdi unggal poe. Abdi rada teu narima oge sabener na mah. Katambah deui eta babaturan abdi teh teu sasadu atawa nyarios basa-basi tos ngaebut hak abdi. Abdi jadi main jengkel jeung kecewa. Teu nyangka babaturan deukeut bisa jadi kitu. Pelajaran berharga pisan jang abdi kahareupna moal babari percaya deui ka batur.
2
sad
4684
Basa jaman sakola sababaraha tahun katukang urang boga hiji babaturan lalaki anu luwes jeung pinter pisan nari jelema na. Babaturan urang ieu resep pisan ka seni tari tarian rek anu tradisional atawa kontemporer maneh na resep pisan tuluy budak na pinter jeung babari di ajar jadi bisa sagala tari tarian. Babaturan urang ieu oge pernah miluan lomba tari tuluy meunang tapi manehna ngahaja nutupan eta kabisaab jeung prestasi na dina tari di sakola kusabab sieun di bully. Maneh na keur di sakolaan samemehna pernah di bully lantaran eta. Maneh na sempet putus harepan, maneh na era jeung mikir rek ereun nari kusabab di bully.
0
fear
3430
Waktu harita, sanggeus acara masarakat di hiji musieum di Kota Bandung, kuring jeung babaturan duaan datang ka warung es krim Milo. Tétéla aya réréncangan ti komunitas urang ogé anu ngagaleuh. Teras naros sabaraha hargana, cenah 5 rebu. OKÉ, kuring jeung sobat mesen ti seller. "Bu, abdi badé ngadamel és krim dua," bari ngasongkeun duit 10.000. Tuluy nu ngajualna rada reuwas, tuluy nyarita “Hargana 15 rebu emas”. Teras we ngawaler "Oh, sanes 5 rebu, Bu?". Si mba bari imut, ngomong "5 rebu teh cai mineral, mas, si mba (babaturan urang) meuli cai mineral, lain es." Teras kuring sareng rerencangan pateuteup teras dibarengan ku seuri nutupan rasa éra anu teu kaukur. Tungtungna urang masihan tambahan 20 rébu. Tétéla anu ngajual és krim ogé ngajual cai mineral. Ngan kusabab éta tempat és krim, kami panginten yén réréncangan masarakat ogé mésér és krim.
6
shame
5149
Ayeuna mah seueur youtuber nu ngayakeun give away, biasana dina bentuk hape atawa produk manehna. Biasana diayakeun secara online nyaeta lewat akun youtube manehna. Jadi, nu rek ngiluan give away tinggal komen wae di kolom komen, terus ke ngaranna auto ka simpen di sistem. Tah pengundianna biasana dina live, make sistem aplikasi pengundian. Tapi biasana dina sistem online kieu mah sok aya nu ngalicikan, komo nu paham dina IT mah. Cara ngalicik na teh nyaeta make rumus atawa aplikasi tertentu. Ngan balik deui, terlepas aya nu ngalicik atawa henteuna, angger we dina sistem undian mah milik nu kuat, kaberuntungan nu jadi patokan.
3
happy
8495
Somat sakali ngarasa era teu kaampeuh. Hal eta lumangsung nalika anjeunna nuju rapat sareng atasan di kantor. Kajadian ngerakeun harita. Anjeunna parantos nahan kentut ti mimiti rapat. Tapi ku sabab ngarasa keuheul menta idin ka bosna ka wc, manehna nahan gas. Tapi nalika anjeunna masihan presentasi, anjeunna ngahaja ngaluarkeun gas dina beuteungna. Sakedapan, sarerea jempe, melong ka Somat. Somat ukur bisa nahan rasa era jeung menta hampura. Kabeh panon nanya siga nu nanyakeun katerangan ka Somat tapi untung sutradara ngidinan Somat neruskeun presentasi. Saatos giliran nampilkeun anjeunna masih keneh éra sabab anjeunna leres-leres henteu nyangka. Sanggeus pasamoan, manehna masih isin komo deui lamun rekan-rekan gawena seuri ka manehna ngeunaan kajadian. Bener jadi era.
6
shame
337
Gejala trauma pas budak keneh nu katinggali tina parobahan sikep. Nu kahiji teu bisa sare jadi tanda lamun budak mimiti ngalaman ngimpi buruk atawa kaleungitan kamampuan jang sare gancang jeung tibra. Nu kadua, keleungitan minat kana aktivitas normal, maranehna bisa wae kaleungitan minat jeung hal-hal nu saacanna mah dipikaresep pisan pas ngalakukeunna. Nu katilu emosi nu teu stabil, cenderung mibogaan emosi nu barobah gancang. Nu kaopat kesedihan pas budak leuwih mindeng sedih, murung, jeung ceurik sacara tiba-tiba euweuh penyebab bisa jadi tanda lamun aya hal atawa kajadian anu keru atawa masih aya urutna dina ingetan. Nu terakhir cemas lamun budak papisah atau jauh-jauhan jeung kolot.
2
sad
4403
Carita parsalingkuhan teh carita nyata jeung geus dekeut ka masarakat, carita anu geus teu aneh deui. Malahan bisa jadi sakabeh carita dina tv sinetron atawa film teh sabenernya di cokot tina kisah nyata. Saperti carita yen sekretaris jadi salingkuhan bos na padahal bos na geus boga pamajikan jeung budak. Bos na atawa salaki na ieu cicing cicing di tukangen pamajikan na ulin jeung bobogohan deui jeung sekretarisna. Pamajikan na bageur pisan tapi babari di bohongan. Sagala na aman jeung geus lila nepi ka akhirna pamajikan na apal yen salaki na salingkuh, pamajikan na ngamuk nyalahkeun salaki jeung sekretarisna kunaon bisa tega tuluy salaki na menta hampura tapi pamajikan nana geus teu daek narima.
4
angry
2989
Sanggeus sababaraha bulan sakola, kuring ngarasa hiji hal aneh. Aya lalaki nu naek motorna lalaunan pisan ampir unggal isuk tukangeun kuring. Lamun kuring ngalieuk jeung neuteup ka jalma, manéhna sok ngahindar jeung pura-pura nempo sabudeureun atawa ngan jarakna rada jauh. Mimitina kuring nyingkirkeun kacurigaan. Nepi ka ahirna kuring nempo budak ieu di hareupeun sakola kuring sarta nalika kuring balik ka imah manéhna ogé nuturkeun. Kuring teu nyaho beungeutna sabab make helm jeung kuring oge teu pinter nginget-nginget beungeut jelema. Ngan aya hiji hal anu kuring apal kana bentuk motor jeung fisikna. Nalika kuring yakin kuring diturutan, kuring nyobian tetep tenang. Kuring bébéja ka babaturan anu pangdeukeutna, kuring naroskeun aranjeunna ningali éta jalma. Ahirna sadar yén ampir unggal poé éta jalma aya di sakola. Tah didinya mah pasti kuring teh keur dituturkeun ku eta jelema.
0
fear
1355
Keur pasantren mindeng di jam-jam waktu nu senggang santri-santri teh sok maraen bola di hareupeun kobong, lapangan eta harejo da rumputna oge nepikeun ka paranjang. Mimitina mah biasa maen teh bari seuseurian, tapi pas keur labuh ku sabab di seleding urang ngambeu bau tai ucing nu nyegak. Nepikeun ka nutupan irung ku baju bagian luhur. Anu akhirna mah kapanggih tempat ucing eta modol aya di mana, saking ku lobana urang eureun maen bolana da geuleuh ninggalina oge jeung sieun katincak, ditambah bauna anu nyegak geus teu kuat nepikeun ka hayang utah sanajan teu ngahaja ditinggali ge tapi da tetep katinggali.
1
disgusted
2460
Taun 2016, taun nalika kuring mimiti dijemput di kost kuring ku ambulan kusabab nyeri kolik dina cangkéng kuring, nyeri pisan dugi ka kuring henteu tiasa nangtung bahkan sesah napas kusabab nyeri henteu angkat. jauh sanajan kuring menta ka gusti pangeran. Éta ngan ukur ngaleungit nalika kuring nampi suntikan analgesik sareng parantos nganggo sababaraha botol infus. Babaturan kuring dipasang pikeun kuring. Tapi teu pira parobahan signifikan. Ahirna, ambulan datang ka kosan kuring. Nalika dugi ka kamar darurat, kalayan ultrasound makeshift, nyatakeun yén kuring ngagaduhan ginjal ngabareuhan. Teras, abdi langsung diterbangkeun ka Jakarta sareng langsung ka ruang gawat darurat. Nalika nyeri mimiti ngaleungit, kuring indit ka mall on jkt. Sumuhun, éta pisan sabab kuring teu ngarasa gering deui. Tengah peuting, kuring dibawa deui ka ruang gawat darurat kusabab nyeri kolik dina cangkéng. Jeung balik ka imah nalika nyeri subsides dina jam mimiti isuk-isuk. dinten anu sami, abdi isuk-isuk mesen tiket pesawat ti Jakarta ka Lampung. Pesen kuring, dina waktos éta: tong hilap nginum!
5
surprise
4279
Di caritakeun ku bibi urang di lembur, yen ayeuna di lembur ceunah keur usum jurig. Ayeuna loba nu naringali jurig, ieu teh ceunah kusabab keur usum hujan wae da ceunah jurig teh resep kana hawa tiis jeung hujan anu ngariricik awet teu ereun ereun siga nu ayeuna biasa kajadian ayeuna. Bibi urang ayeuna mah geus teu pati reuwas deui lamun ningali jurig kusabab jeung mindeng pisan ningali ti jaman manehna leutik keneh. Ieu kajadian saeengges nini maot, di dinya bibi jadi bisa ningali ku kawas kitu, mimiti ningali di sakolaan nana ceunah di kamar mandi keur eta meni reuwaseun pisan nepi ka gering.
5
surprise